Kahirupan ti taun-kataun taya menyatna. Ngalaman jadi
jalma miskin geus leuwih ti saparo umur. Conggahna mah
geus bosen weh jadi jalma malarat teh.
Cek beja bawaning beja, di daerah
kasokandel-Majalengka aya kabuyutan. Cenahmah,
kabuyutan eta teh sok pada ngadongdon ku jalma nu
butuh nomer jitu. Sugan jeung sugan, kuring kapanggih
jeung milikna, dek nyobaan nyiar nomer jitu kadinya.
***
Ti Bandung ngahaja indit pasosore, ba'da ashar, ngarah
datang ka tempat nu dituju pas sedek magrib. Teu
beurang teuing jeung teu peuting teuing.
Geuning, teu hese laku muru kabuyutan teh. Kuring
turun tina beus Bandung-Cirebon di kasokandel, ti
dinya terus tumpak ojeg nepi kabuyutan. Ku urang
dinyana disebut kabuyutan Leuweung Jengkol.
Sasajen kumplit di keresekekan, kayaning kembang tujuh
rupa, menyan jeung parukuyanna, surutu, endog jeung
bacang. Enya, kudu make bacang cenah mun dek nyuguh di
kabuyutan ieu mah, rada beda ti kabuyutan lianna.
Teuing asalna kumaha, da geus maranti tibaheulana
sasajen teh kudu make bacang sagala.
Sanggeus nepungan jeung nepikeun pamaksudan kuring ka
ki kuncen, kuring diperenahkeun dihandapeun tangkal
Loa kiduleun makam utama kabuyutan Leuweung Jengkol.
Wanci ngagayuh kapeuting, sora gaang patema-tema jeung
caricangkas maturan kuring nu sila andekak.
Sampe jam duawelas peuting can aya kajadian nanaon.
Kira-kira wanci janari leutik kakara aya kajadian nu
rada matak muringkak bulu punduk. Taneuh nu didiukan
ujug-ujug karasa inggeung jiga dioyagkeun ku lini. Teu
sabaraha lila, teu jauh ti tempat kuring sila, aya
haseup nu beuki lila beuki ngandelan jeung ngajirim
jadi hiji waruga badag pikasieuneun. Warugana pinuh ku
bulu, matana bolotot beureum euceuy jiga nu ngemu
kaambek, sihungna ranggeteng jeung tandukan.
Mahluk nu ngajega hareupeun kuring ngomong dina sora
nu handaruan, "Cucungah siah lalampahan teh, nyuguh
teu sapuratina..."
Kalayan bari neger-neger maneh kuring ngajawab,
" Duh, hapunten embah..., nyanggakeun sadaya-daya.
Raraosan mah parantos dicumponan sapamundut nu
sapertos biasana."
"Samarukna geus cumpon hah...???" pokna bari semu nu
ngagerem.
"Su..., sumuhun embah..., malihan mah bacang oge
disayogikeun...", tembal teh.
"Na ari sia, ngan bacang na wungkul..., ari gorenganna
mana...???"
-Kaideuan ku dongeng "Lauk beuki Leupeut" jeung carita
Jurigna mang Jamal-
Gilly Prayoga w.
_jalma burung, merdika tan wates wangen_
__________________________________________
Yahoo! DSL Something to write home about.
Just $16.99/mo. or less.
dsl.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$15 provides a child with safe, clean water. Your gift can make a difference.
http://us.click.yahoo.com/LSmZ0B/icGMAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/