He he he, tiasaan si akang..!, kumaha mun duanana hayang panggihna, jeung hayang balikan deui saperti baheula. ....Cing saha anu salah.....?heuheuheu...
 
ipeut


mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Layung,
Ari ceuk kuring mah teu salah teusing Kang. Kaci we, rek "inget" mah. "Hayang" panggih oge meunang. "Hanyang" ngadenge sorana oge teu nanaon. Da ingetan jeung kahayang mah, ilahar fitrah manusa. NGAN, lamu kainget jeung kahayangna, arek dilampahkeun, kudu siap resikona, baris disampakkeun peureup buleud ku salakina. Hehehe. Jeung akang kudu rido deuih, upama pamajikan akang dipanggihan ku mantan bebenena. Tah, upama kitu karek adil nya? Hehehe.

Ceuk kuring deui, aya alternatif pikeun nyalurkeun ingetan jeung kahayang Akang nu hese mopohokeun si manehna. Carana, sing rutin we seratkeun di ieu rohangan, romanrisme eusi hate akang ka manehna teh. Sugan jadi buku. Engke bukuna urang judulan, "Kaasih kapegat caah".

Tah kitu sugan Kang.

-:mh

lang layung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah baraya nepi ke danget ieu kuring sok inget ka manehna. Malah sering ka impikeun komo lamun kuring keur aya masalah jeng pamajikan anu ayeuna.
Cing ceuk baraya naha kuring salah lamun ingeut wae ka manehna ??
Naha salah lamun kuring hayang panggih jeung manehna, najan saliwatan. ??
Naha salah lamun kuring hayang ngadenge sorana najan di telepon ??
Sampai detik ieu kuring can pernah nelepon atawa manggihan manehna padahal kuring boga nomor teleponna jeung nyaho tempat nganjrekna.
Naha salaaaaaaaaaaaaaaah???
Jeung salah saha ?????????

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke