Sampurasun, Hapunten simkuring kumawantun, ngiring ngarewong kasepuh dina ngabahas Qurban.
Ritual Qurban anu katangkep ku simkuring anu bodo, supados tiasa langkung aplikatif deui dina kahirupan pangumbaraan ieu, Nuduhkeun yen Manusa kedah gaduh sumanget "Wani Pati-Batur Bagja", wani ngurbankeun diri pikeun kamanfaatan sakabeh Manusa kalawan teu diwilah-wilah, teu ngabedakeun suku, agama, buktosna Daging Qurban anu dibagikeun kedah walatra, upami aya anu benten Agama disabudeureunnana kedah kabagi tina daging Qurban eta-Cawis sing surti urang, yen Kawani Ngorbankeun diri pikeun ngalakukeun sifat Kamanusaan (miceun sifat kasatoan) dina silih pikanyaah silih pikaasih teh teu ngabedakeun suku, agama kantenan Oraganisasi mah, sakali deui Da Pangeranmah teu Beda-beda, anu ngabedakeun teh Manusa, beda nyebut, beda ngaran kumaha Bahasana Masing-masing jeung kumaha cara ngayakinkeunnana numawi dina Al-Fatihah di eceskeun yen Alloh anu diseratna ku Bahasa Arab (Alif-Lam-Lam-ha) eta teh Robbul'alamin, yen Asmana ALLOH teh mangrupikeun ZAT Gusti Anu Mangeranan Sakabeh Alam. Ayeuna aya anu ngagunakeun ASMANA ALLOH pikeun kapentingan kayakinan sorangan, teu ningal kana kayakinan batur sapangumbaraan di Dunya, rasana Alloh teh anu dirina nyalira tur padahal Alloh teh Gusti Pangeran sadaya Alam, ngakeun diri pang benerna dugi kawani pati/qurban dirina tug dugi mateni ka batur anu teu tuah teu dosa, tah palebah dieumah Quraban diri teh sulaya jeung Rohmatan lil'alamin sulaya jeng Ritual Qurbanna. sakitu anu tiasa kapihatur, sakalideui hapunten anu kasuhun baktos Agus Wirabudiman ----- Original Message ----- From: "engkus ruswana" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Thursday, December 22, 2005 6:09 PM Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Rahasia Qurban > Punten ngiring mairan sakedik kang Oman, sok sanaos > simkuring kirang nyukcruk perkawis ieu, namun kangge > ngarojong kidulur Sunda supados langkung lantip dina > nyungsi sagala perkara ngeunaan bagbagan agama nu > biasana pinuh ku siloka. Upami te mah disebatkeun > Gusti Allah bade nguji tingkat kataatan, kaiklasan, > kayakinan ka Nabi Ibrahim sinareng Nabi Ismail, > Kisunda bakal naros, naha apan Gusti Allah mah Maha > Uninga ? tong bujeng-bujeng ukur ngabaca hate manusa > harita, malah sagala rupi kajadian nu atos nu eukeur > sareng nu bakal datang, anjeunNa mah uningaeun, janten > asa teu kahartos upami tea mah disebatkeun Gusti Allah > bakal nguji ummatNa (atuh luntur kaMaha uningaanana). > Pon kitu deui dina waktos Isro-Mirajd Nabi Muhammad > SAW. Hayu atuh urang pada guar, kamana saleresna ieu > rusiah. > Punten ieu mah etang-etang ngarojong pikeun silih > asah. > Hapunten bilih aya nu teu sapagodos. > > --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Ngomentaran rahasia kurban anu nomer tilu, emut kana > > seratan pedaran hikmah > > ibadah haji ti Dr. Ali Syariati (kapungkur mah > > kungsi jadi idolana mas Amin > > Rais ieu ahli sosiologi anu ulama ti Iran teh). Saur > > anjeunna, dina parentah > > qurban sareng sajarah (lalampahan kangjeng Nabi > > Ibrahim as sarang Kangjeng > > Nabi Ismail as) dina nampi tur ngalaksanakeun > > parentah qurban aya hikmah anu > > jero, ageung, lega, tapi tiasa disingget ku > > sakalimah. Anu sakalimah teh : > > Yen Gusti Alloh "miharep" urang ngalakukeun kurban, > > tapi henteu miharep diri > > urang jadi korban. > > > > Pangapunten, pikeun si kuring, sanajan kalimah > > hikmah di luhur singget > > kacida, tapi tetep ngandung harti anu jero. > > Nyakseni, dina lebah kurban Nabi > > Ismail mah leres kitu: aya unsur nguji kaimanan anu > > ageung dugi ka sakilat > > kamaphum kamana loyogna kacindekan Dr. Ali Syari'ati > > teh. Namung, aya > > sababaraha kurban anu sigana tetep merlukeun > > totalitas urang (kalebet harta > > jeung jiwa tea). Lebah dieu, kusabab si kuring > > percaya yen kalimah ti Ali > > Syari'ati oge tetep tumerap (berlaku), sigana > > merlukeun pedaran sanesna: > > Naon jeung kumaha kateranganana yen dina kurban teh > > Gusti Alloh tetep > > miharep urang ngalakukeun kurban, tapi henteu > > miharep urang jadi korban"? > > Naha anu dimaksud ku Ali Syari'ati teh patali jeung > > rasa urang nalika > > ngalakukeun korban? Atanapi, kurban anu total teh > > kedah merhatikeun oge > > kamanusaan sangkan urang teu jadi korban anu teu > > perlu, komo bari jeung > > ngorbankeun anu sejen anu teu tuah teu dosa mah. > > > > Upama tiasa aya katerangan anu langkung anteb, > > kumaha beureum hideungna ieu > > rahasia kurban, sigana baris aya buah anu bisa > > dijadikeun bahan > > sosialisasi pikeun ngahulag kajadian anu ngorbankeun > > maneh bari jeung dirina > > sorangan jadi korban anu teu perlu, komo batur anu > > teu tuah teu dosa jadi > > korban mah (upamana: kasus bom bunuh diri). Mangga > > diantos komentar sareng > > pamairanana. > > > > > > Cag, > > manAR > > > > > > > > > > > > > > On 12/22/05, supriyadi endang <[EMAIL PROTECTED]> > > wrote: > > > > > > > > > Punteun teu disundakeun > > > > > > Rahasia Qurban > > > > > > > > > > > > ---------------------------------------------------------------- > > > > > > > > > Ketiga, bahwa hakikat "qurban" merupakan salah > > satu > > > ujian dari Allah, yang dengannya setiap mu'min > > bisa > > > mengukur hakikat keimanannya, hakikat ketaatannya > > > kepada perintah Allah, hakikat kedekatannya kepada > > > Allah. Sungguh Allah tidak menghendaki dari apa > > yang > > > terjadi pada Nabi Ibrahim dan Nabi Ismail, agar > > kita > > > menyakiti diri kita dan melukai tubuh kita, > > sebagai > > > simbol pendakian rohani kepada Allah. Tidak, > > > sekali-kali tidak. Melainkan yang Allah kehendaki > > > adalah totalitas ketaatan kita kepada-Nya, dengan > > > penuh keikhlasan, ketenangan, kerelaan dan > > keyakinan. > > > Karenanya Allah segera menggantinya dengan seekor > > > sembelihan. > > > > > > Keempat, bahwa Nabi Ibrahim dan Nabi Ismali dengan > > > sikapnya itu, Allah memberi predikat sebagai > > seoran > > > "muhsin" (seorang yang berbuat baik), dan siapa > > saja > > > yang mengikuti jejak nabi Ibrahim, dengan > > > menghadiahkan seekor sembelihan qurban, atas > > dorongan > > > ketaatan kepada Allah SAW, dan keikhlasannya yang > > > paling dalam, ia akan termasuk kaum "muhsinin" > > itu. > > > > > > Sungguh Allah berjanji begi mereka yang > > menghadiahkan > > > kebaikan itu limpahan pahala yang agung di > > sisi-Nya. > > > Maka berbahagialah mereka yang berqurban, dan > > termasuk > > > dengan qurbannya golongan orang-orang muhsinin. > > *** > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________________________ > > > Do You Yahoo!? > > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > > protection around > > > http://mail.yahoo.com > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > [Non-text portions of this message have been > > removed] > > > > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/t7dfYD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

