Waduh, rada sesah yeuh masihan pendapat ngeunaan poligami dina basa Sunda. 
Ningali kaayaan ayeuna nu teu tiasa disangkal yen seueur istri anu bobogohan 
sareng pameget nu tos ngagaduhan bojo (hayu ngaku !!!) Motifna benten2 
panginten. Tapi aya oge anu ngalibatkeun parasaan (hayo ngaku deui!!!). Upami 
tos kitu kumaha tah? 

Wanoja (Wanoja teh perempuan kan?) oge tiasa ngagaduhan rasa deudeuh ka 
langkung ti hiji pameget. Tapi, teu tiasa ngalaksanakeun hak jeung kawajiban 
suami istri sareng langkung ti hiji pemeget.

Hirup pan parkara hak sareng kawajiban. Cobi, hak sareng kawajiban nu bobogohan 
naon? teu jelas pan! benten-benten! Nu hiji kedah ditelepon unggal dinten. Nu 
hiji kedah dijemput unggal dinten. Nu hiji kedah dipasihan hadiah unggal 
milangkala. Aya deui nu teu kedah atanapi teu hoyong dinanaonkeun (Bingung 
pan?). Dilaksanakeun atanapi henteuna oge ngarugikeunana ka dua welah pihak. 
Moal aya sangsi nu jelas lian ti gosip, gosip sareng gosip (Upami gosip teh 
jeulas teu nya?).

Nah, upami suami istri mah jeuuulas pan. Perkara ngalaksanakeun atanapi henteu 
aya sangsina. Sangsi ti masyarakat oge langkung kejam upami ngeunaan suami 
istri mah. Gosipna langkung langkung menusuk. 

Nah, dari pada bobogohan atawa mendem rasa (jiga semar mendem) pan mendingan 
nikah. Ayeuna, para istri, hayu atuh urang berbesar hate, urang carioskeun ku 
pameget nu engkin janten suami urang (abdi mah pan teu acan gaduh, upami nu 
atos panginten berarti suami nu ayuena): "kalo suatu saat kamu punya perasaan 
suka dsj. ama perempuan, bilang sama saya, mungkin kita bisa 
mengkomunikasikannya" (He he, maaf pake Bahasa Indonesia). Komunikasikeun heula 
weh. Janten atanapi henteuna mah tergantung proses komunikasina. Naon deui nu 
tiasa urang lakukeun di dunia ieu salian 'saling melengkapi'. Da sebagai 
perempuan atanapi pameget oge urang mah teu sampurna. 

Brooks (1997), Dosen Sosiologi nu nulis buku ngeunaan kajian komprehensif 
Postfeminisme oge tos nyarios yen perempuan teh makhluk aneh anu benten-benten. 
Upami urang tiasa empati sakedik ka rasa nu duka aya dina bagian mana ieu hate, 
tiasa lah. 

Hapunten sadaya kalepatan. 

Nuhun,
dini harmita

_____________________________________________________________
--------------------------------
Get Your Free Exclusive E-mail !
Go to http://www.myquran.com 
Indonesian Muslim Portal
--------------------------------------





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke