Nembe teh (wanci panonpoe ereng-erengan/tengah
hari)kuring ka kantor Departemen Sastra Daerah/Jawa
Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya (FIB). Kaleresan
kapendak sareng Kang Mumu lan Kang Darmoko (Ketua
Program Sastra Daerah). Der ngobrolekeun acara tepung
lawung KUSnet-SIMPAY ping 21 Januari. Prinsipna
duanana saluyu kana naon anu bade janten agenda acara
dina eta panglawungan. Kinten-kinten tos aya 10 an
dosen SIMPAY anu bade sumping. Malihan mah Kang Mumu
bade ngadadarkeun sareng nyandak naskah Kuno Sunda,
bilih aya wargi KUSnet anu panasaran siga kumaha
bungkeuleukanana naskah Sunda Kuno.
Komo deui barang diwartoskeun, bade disayagikeun
"Brownies Kukus" candak Teh Ika ti Bandung, atuh para
dosen istri anu harita aya, mani giak pisan "mau
dong...mau dong..."
baktos,
mrachmatrawyani
--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Upami tiasa dimaksimalkeun, ieu acara tepung lawung
> SIMPAY - KUSnet mudah2an
> tiasa janten pamuka jalan pikeun ngahontal naon rupi
> anu aya dina angen2
> urang sadaya, utamana dina masalah Internet salaku
> media informasi.
>
> Misalna Kang Mumu Munawar nu hoyong ngadigitalkeun
> naskah2 Sunda, atuh
> nyambung pisan sareng anu kungsi dipadungdengkeun di
> ieu milis sababaraha
> waktu ka tukang ngeunaan nyalametkeun sakaligus
> nembrakkeun kabeungharan
> sastra/budaya Sunda ka masarakat umum. Nya ieu pisan
> anu salajengna ngamalir
> jadi "proyek" digitalisasi Rusdi jeung Misnem sarta
> Pusaka Sunda, salaku
> panglalanyah, "ujicoba" kumaha prungna mun laksana
> ngahanca digitalisasi
> bahan2 nu lianna.
>
> Mangga, manawi aya nu gaduh pamendak...
>
> isk
>
> On 12/27/05, MRachmat Rawyani
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Panglawungan KUSnet sareng SIMPAY, Insya Allah
> baris
> > diayakeun di Perpustakaan Pusat UI di Kampus Depok
> > dinteng Sabtu ping 21 Januari ngawitan tabuh 09.00
> > Enjing.(mugi-mugi wae teu aya wagelan di tengah
> > jalan).Tempat eta teh namina Laboratorium Komputer
> ITTC,
> >
> nyaeta rohangan kanggo pelatihan teknologi informasi
> > (TI). Ngahaja di tempat anu aya komputerna,
> supados
> > dina ngajelaskeun kiprah KUSnet sakantenan tiasa
> > lalayaran di internet. Atuh kanggo para dosen
> SIMPAY,
> > tiasa langsung daftar janten anggota KUSnet, bari
> > jeung tiasa ningali hasil karya KUSnet. Margi
> masih
> > aya sabagian dosen di SIMPAY anu masih gaptek
> (gagap
> > teknologi) internet.
> >
> Salian ti kitu, kuring gaduh kahoyong KUSnet kapayun
> >
> teh, tiasa langkung maju ku cara ngeusian
> > artikel-artikel ilmiah ti para pakar anu ahli dina
> > widangna. SIMPAY teh salah sahiji sumber daya
> manusa
> > sareng sumber daya pangaweruh anu ku KUSnet tiasa
> > dimangpaatkeun. Malihan mah kuring sareng Kang
> Mumu ti
> > SIMPAY, gaduh rencana bade ngadigitalkeun, dua
> naskah
> > kuno sunda anu kaleresan aya di Kang Mumu. Waktos
> > pasamoan SIMPAY anu kalangkung, Kang Mumu parantos
> > nyarios ka Mang Ayat, kumaha upami mang Ayat
> nyaketan
> > kapala perpustakaan nasional, meredih supados
> tiasa
> > ngadigitalkeun naskah-naskah sunda anu aya di
> > perpustakaan nasional. Mudah-mudahan wae atuh
> wibawa
> > sareng katokohan mang Ayat, tiasa ngaleehkeun
> manah
> > kapala perpustakaan.
>
__________________________________
Yahoo! for Good - Make a difference this year.
http://brand.yahoo.com/cybergivingweek2005/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/