|
Ka hatur Kang Dudin sareng baraya kusnet sadayana teu diwiji-wiji anu
parantos maparin bongbolongan sinareng piwurukna ka simkuring. Sadaya piwuruk,
piwejang, nashehat atanapi ushul katampi ku asta kalih ka sangga kalingga
murda, disuhun dina embun-embunan, katampa kana pangkonan.
Estuning asa kagunturan madu karagragan menyan putih. Asa jadi caang narawangan. Caang bentang
opat belas. Ceuk paripaos asa katonjok congcot.
Mudah-mudahan sadaya kasaean wargi kusnet dibales kunu maha Kawasa. Tapi borok
sapanon carang sapakan neda agung cukup lumur jembar sihhapuntenna bok bilih eta seratan janten manah. Sim kuring ngadugikeun eta perkawis, saking baluweng pipikiran we. Mugi sim kuring tiasa ngajalankeun sadaya
piwuruk ti sadayana. Kumargi kitu sim kuring nganggap cekap ieu masalah. Da sim kuriing ayeuna parantos sadar kana kaayaan
narima kana takdir. Mereun ieu
teh geus titis tulis ti ajalina sim kuring lain jodo
jeung manehna. Namung……………
nya kitu sim kuring ayeuna katarajang panyakit HIV (hasrat ingin Voligami)
kumaha carana sangkan pun bojo ngidzinkan ka sim kuring kangggo nikah deui. Cing ceuk
baraya kumaha taktik sareng trikna sangkan pun bojo teh leah manah luntur
kalbuna ridlo ikhlas upami sim kuring nikah deui ??? anu salah mah
nu dihukum kang! akang mah teu salah, lamun teu nepi
ka prungna ngalakonan anu ku akang disebutkeun eta: inget, nelepon, panggih,
jst anggursi teangan saloba-lobana: 1. ALESAN: kunaon sababna
akang kudu mikacinta ka isteri anu ayeuna 2. ALESAN: kunaon sababna
akang kudu ngajauhan jeung ninggalkeun lamunan ka batur anu geus lain-lainna
deui. leres saur Ibu rosma, wa'saa an takrahu
syaian wahuwa khairullakum.. wa'asa an tuhibbu syaian wahuwa syarrullakum.
WALLAHU YA'LAMU WA ANTUM LAA TA'LAMUUN. (2:216) ALESAN2 ieu teh tangtu alesan anu
henteu tojaiah sareng hukum-hukum Pangeran jeung bebeneran. sabada eta alesan kumpul, insya
Allah akang bakal pinanggih jeung jawaban utama lan jalan kaluarna. punten, pami rada cologog. dudin Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- RE: [Urang Sunda] Balesan: salah saha ?? lang layung

