Sapuk kang!
Maenya atuh urang teh kawon ku Urang Sasak (Lombok),
anu tos tiasa ngomputerkeun Bahasa Sasak (tingali di
kompas dina taun ieu oge, di kaca pangpengkerna, tapi
hilap deui sasih naon-naonna).

Upami baraya KUsnet anu icikibung di widang TI, tiasa
sumping dina acara pasamoan sareng SIMPAY (21
Januari), urang obrolkeun janten "proyek Sasarengan"
KUSnet-SIMPAY, sakantenan ngadamel proposalna (harita
keneh) teras urang usulkeun ka Teh Ika Mardiah di
Bappeda Jawa Barat. Di UI teh aya mang Ayat sareng
mang Hasan Djafar, ahli filologi senior di FIB UI,
tiasa janten konsultan ahli.

baktos,

mrachmatrawyani


--- "ato.riyanto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya,
> Huruf sareng daftar huruf (Script) Basa Sunda
> numutkeun Javier Sola teu acan
> nganggo huruf/script Sunda tapi nganggo LATIN Script
> (Script Eropa Kulon
> boga huruf é ciga Sunda, contona). Dina proses
> lokalisasi komputer ieu
> salasahiji proses nu kudu di jieun. Saena mah emang
> urang ngadamel script
> Sunda nyalira teu make Script batur. Unicode salah
> sahiji Standard Script nu
> aya di alam dunya.
> Numutkeun abdi saena mah Ngabudayakeun komputer
> kanggo basa Sunda teh
> dikerjekeun kalayan SISTEMATIS jeun REREONGAN ulah
> saurang-urang bari
> pipisahan ('unintegrated'). Kapikiran ku kuring
> nyien hiji PROPOSAL kanggo
> Departemen Seni & Budaya Jabar kanggo program
> Ngabudayakeun Sunda dinu
> Komputer, ngarah aya bantuan MORIL & MATERIL, ngarah
> bisa ngudag waktuna.
> Kitu numutkeun pribados.
> Kang Ato
> Nu hoyong gaduh komputer basa Sunda......
> (file nangkop teh proses lokalisasi komputer nganggo
> Open Source)



                
__________________________________________ 
Yahoo! DSL – Something to write home about. 
Just $16.99/mo. or less. 
dsl.yahoo.com 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke