sae pisan atuh teh.. janten gaul kitu nya, emut teu basa teteh ka batam, pan pas teteh bade uih abdi tuang teh dina meja nu hiji deui teras ngobrol sareng murangkalih si bapa eta rai raka, teras naros abdi naha kenal di mana sareng teteh, eh ku abdi teh di waler abdimah kenal di internet, langsung jawaban na teh eh ibu itu gaul juga ya ha ha ha.....
** ngacung 2 jempol kangge teteh!!

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan kang Maman damang...?
Wilujeng tepang deui sareng ipeut, asa tos lami can patoel ti saprak HBH tea.
Sae postingan akang teh perkawis internet, mung kumaha atuh sanes teu hoyong ngiring kamajengan kuayana internet seuseueurna anu janten halangan kanggo masyarakat utamina sakolaan, awis bade aksesna. Kumaha atuh carana supados mirah...? Tah aya kelemeng Pa SBy bade ngembangkeun jaringan serat optik, sugan atuh tong lami teuing program eta teh tiasa enggal ngawujud.
Si teteh oge sanes agul ku payung butut, disakola  tos aya internet malih sakedap deui bade dipasarkeun janten warnet. Ieu teh alatan siteteh sok tuang noong ka lembur kusnet, ceuk urang dieu mah si teteh kalebet orang IT, padahal teu bisa-bisa acan, ngan kitu wae hayang sagala nyaho tunya-tanya antukna tiasa ngawujud hijji lab komputer sareng internetna, si teteh anu jadi ketuana ,.......ach jadi agul yeuh ..., nyaan agul lantaran si teteh urang sunda...he he. Kitu kang..!
 
Baktos
ipeut

Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ceuk salah sahiji laporan UNDP, nyutat kasus India, internet bisa ngaronjatkeun kahirupan ekonomi hiji masyarakat nepi ka 3%. Ku kituna, munasabah mun pamarentah hiji nagara, kaasup pamarentah Indonesia, mere perhatian nu daria dina perkara internet ieu. Matak, basa narima beja ti babaturan nu ngahadiran hiji rakor di BPPT, Salasa, 20 Desember, teh kuring kacida bungahna: Pamarentah nyiapkeun dana nepi ka US$ 1 milyar keur ngawangun jaringan serat optik di nagara urang. "Jaringan itu akan merambah sampai ke desa-desa, Kang," ceuk eta batur.
Wah, daria yeuh pamarentahan SBY teh. Ceuk pikir. Rarancang ngeunaan warintek, jste, nu oge kungsi dilaunching ku pamarentah Habibie bakal kalaksana. Panasaran,  isukna, rebun-rebun keneh kuring geus cinutrung di tepas. Nungguan tukang koran.
Barang jol, kuring langsung mukaan halaman jero Kompas. Kapanggih. Ngan 2 kolom. Ongkoh, geuning, eta rakor teh ngabahas soal Buku Putih Litbang Iptek. Laporan Kompas ge, nya ngan ngareportaseukeun eta rakor. Teu museur kana perkara serat optik. Atuh, informasi kuring ngeunaan eta rarancang teu leuwih loba manan kamarina.
Serat optik, sanajan geus rada heubeul, tapi di urang masih kaitung langka. Maksud kuring, infrastruktur telekomunikasi nu aya kiwari masih ngamangpaatkeun kabel biasa. Nepi ka, fasilitas siga kabelvision di Jakarta, nu bisa ngakses internet 24 jam kalayan waragad nu relatif murah, teu bisa dirasakeun mangpaatna ku jalma nu leuwih loba. Mun teu salah, di Jakarta, nu kaliwatan ku jaringan serat optik ieu ngan jalan atawa daerah nu ngebat ti Thamrin ka kidulkeun. Parat nepi ka Pondok Indah jeung Cinere. Atuh, nu bisa ngakses internet murah via kabelvision teh ngan nu aya di jalur eta bae. Daerah Menteng, nu kawentar elit ge, teu kabeh bisa ngarasakeun mangpaat eta.
Beda jeung Lombok. Mun teu salah deui bae, jaringan serat optik di Lombok geus leuwih "rempeg". Diwangun mangsa almarhum Soesilo Sudarman manggung jadi Menparpostel, kontraktorna joint venture Walanda-Indonesia. Hartina, munasabah mun, teorina, urang Lombok leuwih melek internet manan dulur-dulur urang nu dumuk di Ciamis, misalna.
Perkara kaleuwihan serat optik manan kabel biasa, oge daerah mana nu satemenna geus boga fasilitas ieu, tangtuna dulur-dulur nu gawe di Telkom leuwih nyaho. Nu jadi perhatian  kuring leuwih makro deui: Infrastruktur telekomunikasi, hususna fasilitas internet, di urang, di Tatar Sunda.
Eta bae. Sakalieun ngulampreng ka lembur, kuring sok hese neangan warnet. Di Ciamis, misalna, sakanyaho kuring, warnet teh ngan aya di deukeut alun-alun. Kitu ge bukana siga nu puasa sunat: Ngan Senen jeung Kemis. Bari bukana teh ti jam salapan isuk nepi ka bada Isya, jam dalapanan. Sanajan, Ciamis kaitung nu pangheulana miboga program "internet masuk sekolah". Malah salah sahiji STM di dinya jadi proyek percontohan keur tingkat nasional.
Di antara sawatara kota kabupaten di Jawa Barat nu kungsi dianjangan rada lila (Subang, Indramayu, Kuningan, Majalengka, Ciamis, Cirebon, jeung Garut), nu nembongkeun kamajuan  rada mending, lian ti Cirebon, ukur Subang. Kiwari di Subang ayanepi ka ti tilu warnet. Tadina mah, dua taun ka tukang, sakanyaho kuring warnet nu manteng jeung murah teh nu aya di hareupeun Kantor Bersama. Bogana LIPI. Tapi, taun ieu, Bupati Eep rada lumayan: Ngahiap hiji pausahaan IT/ISP pikeun ngawangung infrastruktur TI di daerahna. Atuh, sawatara warnet mucunghul, ngamangpaatkeun eta "fasilitas". Sanajan, nya masih museur di kotana. Can nepi ka pasisian.
Kaayaan "walurat" eta beda jauh jeung Yogyakarta. Bubuhan Kota Pelajar tea meureun. Di eta kota, teuing aya sabaraha ISP. Tiap ISP biasana ngalayanan nepi ka 50 warnet. Mun tea mah nepi ka aya 10 ISP, bari masing-masing rata-rata ngalayanan 30 warnet, hartina di "kota leutik" siga Yogya aya nepi ka 300 warnet. Teu heran mun di eta kota aya warnet nu ongkosna ngan Rp 2.000 sajam!
Dina salah sahiji rapat DES, kuring kungsi nyigeung perkara  ieu: Kira-kira Kusnet, nu bisa disebut leuwih melek internet manan urang Sunda lianna, oge dirempegan ku sawatara "ahli" TI, bisa heunteu nyumbangkeun pipikiran jeung tanaga dina pangwangunan TI di Tatar Sunda. Nu "basajan" jeung "mendasar" bae: Misalna nyieun konsep (jeung ngajalankeun) jaringan warnet murah.
Enya, ongkoh eta wangkongan teh aya dina konteks DES, nu saeutik loba medar perkara bisnis, perkara untung-rugi. Matak, disebut murah ge lain hartina eta warnet teh nyadiakeun fasilitas internet haratis. Tapi, nya mayar. Tapi, murah. Ongkos nu dicokot ti masarakat nu ngamangpaatkeun eta fasilitas nya "alakadarna" bae. Sangkan bisa nutup investasi jeung ongkos operasionalna bae. Sanajan, dina prak-prakannana, bisa jadi, ku alatan masih arang konsumenna,  ongkosna leuwih mahal manan Bandung atawa Jakarta, nu bisa nepi ka ngan Rp 3.000 sajamna. Matak, harita, kuring nekenkeun perkara feasibility tina aspek "bisnis"na.
Tangtu bae,  sukur pisan mun bisa haratis teh.  Sanajan, rada pamohalan. Tapi, nu penting di dieu: Aya usaha pikeun ngahangkeutkeun fasillitas atawa infrastruktur internet di Tatar Sunda, nu beh dituna mah nya ngahangkeutkeun karaharjaan balarea tea. Hanas eta, internet aya efek sampingna, sarupaning gambar jeung informasi nu teu araruni, nya ngeunteung bae ka pangalaman diri urang bae: Sabaraha lila sih urang kagendam ku gambar-gambar kitu? Paling ge dua tilu bulan. Kadieunakeun mah pan geus bosen? (Mun tea mah aya di antara urang nu masih keneh masket kana web-web sarupa kitu, nya geus waktuna konsultasi jeung Sarlito Wirawan atawa Bu Yudi Markum).
Keur nyadiakeun alat (komputer) kalayan murah lain hal nu mustahil. Kuring kungsi mantuan hiji lembaga nu keur ngawangun jaringan komputer di sakola-sakola di Sulsel jeung NTB. Kabeneran, harita aya hibah komputer urut ti hiji LSM di Amerika. Teknologi jaringan nu diterapkeunnana naon nu disebut sistem cloning: Urang ngan butuh hiji komputer anyar, boh teknologina boh barangna, nu difungsikeun salaku server. Nu lianna, nepi ka 40 komputer, nya komputer-komputer urut tea, nu teknologi geus lawas -- harita sarupaning DX jeung Pentium I. Bari, masing-masing eta komputer client teh teu kudu make hard disk. Hasilna, nya kaitung nyugemakeun. Utamana keur barudak atawa jalma nu kakarak wawuh jeung komputer atawa internet.
Lian ti lembaga siga MDLF atawa LSM Amerika nu mere komputer urut harita, satemenna masih loba lembaga sarupa. Malah, basa Makarim Wibisono masih jadi Presiden Ecosoc, anjeunna kungsi nyabit-nyabit perkara kerjasama nu sipatna G to G dina ngamangpaatkeun komputer urut di nagara maju keur nagara-nagara berkembang siga nagara urang. Teuing kumaha lajuninglaku eta program teh. Pan, Pa Makarimna ge tos teu nyepeng deui kalungguhan eta. Ongkoh, nu ku kuring kadenge, aya sawatara aktivis lingkungan nu teu pati panuju kana eta program teh: Sieun program eta dipake alat nagara maju pikeun miceun limbah di maranehna ka nagara-nagara berkembang. Geus puguh nu aya di Glodok, mah. Da, alas manehna bisa kaganggu.
Jeung deui, presepsi birokrasi di urang ge can sarua. Eta bae, harita, basa ngasupkeun komputer urut tea, kungsi nyangked lila di palabuan. Depindag jeung Bea Cukai harita nganggap eta barang teh komoditi, nu kudu mayar bea masuk jeung pajeg lianna sailahar barang impor. Nepi ka hiji tina tilu kontainer nu aya kudu dihibahkeun deui ka hiji urang Madura, nu manguruskeun eta barang  sangkan bisa kaluar ti palabuan. Keur mayar jasa manehna.
Di luar aya euweuhna lolongkrang meunangkeun komputer haratis, dibeayaan ku sorangan ge satemenna teu mahal-mahal teuing. Ku taksiran kuring, biaya keur nyieun warnet nu standar (lain nu make fasilitas sarupaning game online), 1 server 10 client, moal leuwih ti Rp 15 yuta. Rp 5 yuta keur server, Rp 10 yuta keur 10 client (@ Rp 1 yuta).
Tangtu bae wangwangan kuring teh kudu ditingali deui ku ahlina, diakurkeun jeung kaayaan pasar komputer urut kiwari, kaasup feasebility bisnisna tea. Ngan, ku kitu ku kieu, kuring yakin ide ieu teu kaasup "muluk", komo pamohalan mah. Utamana, mun urang percaya kana mangpaatna bari percaya kana prinsip rereongan -- nu dina basa kiwari mah, kawengku atawa ngawengku "kemampuan mengorganisir diri", nu jadi salah sahiji ciri naon nu disebut masarakat nu maju atawa civil society.
Ku cara rereongan, nu terorganisir, urang lain bae bisa nyieun jaringan warnet nu murah. Tapi, oge fasilitas atawa kagiatan lianna nu numpu atawa pakait jeung internet. Ti mimiti portal budaya jeung ekonomi Sunda, nepi ka radio  jeung database widang lianna. Bari kituna teh, insya Allah, bisa tetep murah kanu ngamangpaatkeunana jeung bisa jadi pangupa hirup  keur sakur nu ngalakonannana.
Sanajan, keur sakuringeun, mangpaat nu dipiharep leuwih "sederhana" deui: Mun tea mah Kusnet, sebut bae ku  diwadahan ku Yayasan Perceka, nepi ka bisa miboga jaringan warnet siga kitu, silaturahmi urang nu oge dina raraga ngamumule sarakan teh leuwih pepek deui. Kusnet, atawa miis-milis lianna, ngan teu dieusian ku urang-urang nu hirup di Jakarta atawa kota-kota gede. Tapi, oge ku dulur-dulur nu memang dumuk di lembur. Hartina, urang neuleu jeung madudengkeun Sunda kiwari teh teu loba teuing deviasina. Da, teu ngan diwawaas ti Thamrin atawa ti Sudirman bae. Tapi, dipepekan jeung disukuan oge ku informasi jeung paningal ti Cigalontang, Cibarusah, Kasomalang, Karanghawu, Cidaun, Kiara Dua, Cikijing, atawa Pamarican.


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441

Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever.

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Yahoo! for Good - Make a difference this year.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke