Punten ngiring mairan yeuh.....

Aduh nyaan kang sayah ge meni ngahuleng barang terang eta formalin diangge 
ngawetkeun kadaharan da sakaterang sim kuring harita di ciamis pami tas moro 
bayawak ti citanduy sok tuluy di awetkeun ku formalin (bari bauna kacida 
penghar) ari ayeuna di anggo ngawetkeu kadaharan!!!. Euleuh aya tega nya jelema 
????.       Cik saha nu terang kumaha ngabentenkeun kadaharan nu ngandung 
formalin sareng nu henteu??? 
(upami aya sok di postingkeun margi informasi ieu ieu kacida mangpaatna kanggo 
urang sadaya utamina nu resep kana tahu,bakso lauk asin sareng sajabina)

Haturnuhun

Apipudin

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Waluya, 
Dani R
Sent: 29 Desember 2005 10:43
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Formaline

Lérés éta teh kang, sim kuring oge lalajo, asa ku teungteuingeun jelema teh 
nyilakakeun batur, janten kasimpulana mah urang balik deui weh ka kebon bari 
mawa sambel sa-coét, heuheu.

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of ndoell
Sent: Thursday, December 29, 2005 10:32 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Formaline


Peuting, lalajo dina tipi, saperkara Formaline nu dipake
ngawetkeun kadaharan sarupaning Emih baseuh, Tahu, Daging,
komo lauk asin mah. Keur mah éta téh kasedep sadaya ...
Ari isuk-isuk sarapan téh jeung Emih Ayam. Meni ponyo.
murah, wareg deuih. Kitu deuih lauk asin, goreng tahu, batur 
dahar jeung kulub peuteuy. 

Kabayang, cik sabaraha juta jelma nu ngadahar formalin unggal poé
ngaliwatan lauk asin, tahu atawa Mie baso, Mie Ayam ?
Tahu sumedang dikeueum formaline teu nya ?

Padahal Formaline téh bahan baku utama dina industri Plywood
keur ngadamel Résin / lém kayu, industri tékstil jeung industri 
plastik / mélamin. saleuwihna dipaké ngawétkeun mayit. 
Barina ogé, naha atuh mayit téh kudu diawétkeun sagala ?
geus wé buru-buru dikubur nya ?

Tuluy aya deui, remis. Euh...da mun nempo dipasar mah matak 
pikabitaeun éta remis téh. Seger, bareureum kituw...
sihoréng, dibeureumanana téh ku wantex téa, nu biasa dipaké 
nyelep baju. 

mmh...kacida pisan jelma téh....



-dul-















Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 
--------------------------------------------------------

This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) 
for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or 
trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not 
copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete 
this message and inform the sender immediately.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke