Ass. Wr. Wb.
 
He....he.....rame oge euy...sae..sae..ieu nyirikeun yen urang geus wani nembrakeun argumen2 masing2.
Kuring oge teu pati ngarti naon anu dipikahayang ku Cep Bayu saleresna.
Upamana cenah postingan urang teu aya anu mairan, eta watekna milis mah kitu, teu bisa maksa2 kudu dijawab. Enya rek maksa kumaha coba....
 
Tah cenah kang ndoell aya anu teu ngartos, mangga diwaler dijelaskeun ku Salira sing jentre naon maksadna.
Upami ditaros naon mangpaatna ayana KUSnet??? Ceuk simkuirng loba lah, diantara nambahan babaturan, nambahan wawasan pengetahuan, nambahan kosa kata basa sunda, beuki ngaraketkeun rasa duduluran khususna papada urang sunda. Eta diantarana mangpaatna anu karasa ku simkuirng. Atuh jang masyarakat kumaha? Nya diantarana pan aya program beasiswa, bantuan bencana alam, pabukon, jeung rea2 deui, nyieun huruf sunda anu bisa dipake dina komputer, ngadigitalisasi pustaka sunda, jeung rea2 deui lah...
 
Nya atuh cenah mun hayang leuwih ti kitu..hayu atuh urang sasarengan ngagawaenana jeung hayu atuh urang laksanakeun anu tangtuna disesuaikeun jeung kapasitas/kamampuan urang sewang-sewangan. Mangga kaluarkeun, budalkeun kahayang kang Bayu teh hoyong siga kumaha bae, susuganan we bisa dilaksanakeun jeung dibantuan ku sarerea. Kang bayu hoyong dina beulah mana na ngamekarkeun kasundaan teh? naha dina widang politik, ekonomi, budaya, sosial, hankam, pendidikan, jurnalistik?
 
Nya atuh mun cenah urang sunda dariuk wae, hayu atuh ti diri urang hudang heula tong salilana hees wae, terus harudangkeun tah US anu sejen anu keur salare (mun enya keur sare). Intina ulah hayang ngahudangkeun batur mun urang oge can hudang. He....he...
 
Kuring salut ka kang Bayu anu kritis, eta perlu kanggo US teh. Mangga atuh kang Bayu hayuuu kantun deeerrrr.......
 
Dinatos di Dago Tea Hosue ku KUSnet...sok budalkeun tah didinya, he....he...
 
 
 
 
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Punten kang Bayu...
rumaos abdi mah jalma belegug, teu sakola-sakola acan,
janten mugi tiasa dimaklum pami abdi teu ngartos..
tong kasigeung kang..da kasét..eh kasép. Komo dugi ka ambek mah...
abdi gé ambekan...da teu ambekan mah eungap..

nyaan kang, abdi mah teu ngartos anu dipimaksad ku akang téh..
cik atuh jelaskeun, tong kalah ka miwarang ka Bandung.
Akang teh di Bandung sanes ? Apan tebih Bandung teh,
nuju boké ongkoh abdina.
Bade ngongkosan ?

Postingan akang dihandap ieu anu abdi teu ngartos teh :
-----------------------------------------------------------------
> Upami ditaros naon manfaatna gempungan KUSNET
> caralik wae....
> ari dipasihan titiron tina KORAN PIKIRAN-RAKYAT
> nembe pada nyarios....
> Ari abdi mah keun bae korban ngaran keur mancing anu dimaksud...
> Bade disebat pembajak mangga....
> Bade disebat tukang titiron mangga....
> Geus bakat ngabajak meureun....
> Dalah bangsa batur oge komo maling ....
> Hayang diajar Basa Sunda kudu ka Belanda....
> Soalna urang sunda mah caralik wae....
> Sok atuh geura der....ngadamel makalah bejakeun ka sakuliah
  buana manfaat gempungan KUSNET teh
> ulah caralik wae....
-----------------------------------------------------------------

Akang jadi korban ngaran teh kumaha ?
sakaterang abdi mah, tos jadi hukum teu kacatet dina alam Kusnet téh
pami aya nu ngagaduhan ideu, atuh pami tiasa mah anjeuna nu
ngalakonan. paling sakedik naratas jalan, ké gé dibarantuan ku anu
sanés. Contona seueur, garapan Pustaka Sunda ku Kang Adi,
aya Wikipedia ku cep Kandar, siaran Kusnet di radio Antassalam
bandung (sok ngadangukeun ? henteu ? sami atuh...)
Ayeuna deui, Kang Runa urang Bogor bade kerjasama Kusnet sareng
tipi Megaswara. Aranjeuna gaduh ideu, tuluy dimimitian,
tuluy dibarantuan. Eta ge hiji bentuk publikasi Kusnét ka sakuliah
dunya.

henteu kang, teu sadaya caralik wae urang Kusnet téh. Seueur nu
lulumpatan gé. Tos seueur nu dipidamel.
Apan eusi artikel dina PR ge ngarupakeun salah sahiji Kontribusi
Kusnet keur Kasundaan mah.

tong ngalungkeun ideu bari jeung miwarang kanu sanes...
propokator wungkul ari kitu mah, pan ceuk Kang Rachmat Rawyani gé.
Saha gé tiasa ari kitu wungkul mah.
Pami hoyong Kusnét maju, atuh dagang somay we ngangge roda,
tuluy didorong...pasti maju.

Maksad teh, atuh hayu urang rojong, kumaha we carana, satiasa-tiasa.
da sadaya ge nu ting kuliwid dina alam maya Kusnet teh apan
sukarido, da sosial tea. Teu aya nu ngagajih. Ngiringan milis Kusnet
ge apan seuseurna mah nangkod kana internet di kantorna sewang-
sewangan. Aya oge anu ti bumi (maenya ti bulan mah), aya nu di warnet,
sakitu gé leuheung, hoyong ulubiung miara basa.

Jadi kang,
kulantaran patarosan akang perkawis mangpaat gempungan Kusnet, nu
baheula teu aya nu ngawaler, atuh tong janten pundung. Boa harita
mah nuju pakepuk baraya nu sanesna, janten teu sempet mairan.
Seueur pisan mangpaatna mah, salah sahijina saling wanoh,
silaturahmi.

Pami akang hoyong terang mangpaat sareng bipaatna gempungan Kusnet,
atuh sakali-kali mah ngiringan Kopdar lah minimalna.
Ke ping 15 januari, ti tabuh 10 enjing dugi ka capé, aya kopdar
di Dago Tea House..urang Kusnet sadaya eta teh...
sok geura ngiringan. Dongkap we, teu kedah mayar ieuh...gratis.
bantun patuangan nu nuju lapar weh. Eta gé cekap.
apal teu Dago Tea House ? apal atuh nya, maenya urang bandungna teu
apal.

Okeh ?
(ceuk Ndoell...bari ngorong....)




-dul-
tukang teuing
 


Baktos Ti Pribados,
Runa Inawan - KUSnet
::INSAN Gemilang GRAFIKAtex::
Terima Pesanan :
~ Pembuatan Tas Promosi, Tas Sekolah, Koper Haji, Reparasi, Tas Seminar, berbagai Tas
~ Berbagai Percetakan dan Sablon
Mobile : 0818109410

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke