Pamarentah urang ari niat mah aya jang ngamajukeun dunya IT tapi sigana mah can maksimal meureun eta oge tapi ari kamari ngaos di majalah SDA-ASIA cenah mah pamarentah urang geus boga target sampe ka 2015 rek "mengentaskan (bener kitu nulisna) kemiskinan dina widang tehnologi informasi (internet) ceuk dina majalah eta oge.
Ari nu karasa ku kuring mah enya akses internet diurang teh mahal tapi padahal lamun nurutan konsep RT/RW Net tea sigana mah bisa murahnnya da mayar babarengan mung duka ieu Infrastruktur diurang sigana can siap meureun eta oge......eta deui kamari ngaos dina koran aya kasus cenah dibandung ku oknum-oknum terkait ngamanipulasi tagihan salah sahijina akses internet tapi geus dikurungan cenah mah he he....siga hayam wae dikuringannnya. Dugi ka kitunya eta batur neangan duit he he..... Geus ah sakitu bisi loba salahna. @ERN --- Cep_Runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hiji wacana anu menarik ! > > Muhun leres pisan yen dunia IT dina hal internet > ngagaduhan posisi sareng peran anu strategis dina > enggoning ningkatkeun pangwangunan. > > Malahan, pas KUSnet ngajomantara di Radio > Pertanian Ciawi Bogor kantos aya hiji patani anu > naroskeun naon sih mangpaatna internet teh kanggo > kamajengan widang pertanian/patani? > > Mung duka yeuh kabijakan pamarentah dina bidang IT > ieu, naha ngadukung atanapi kumaha? Mangga tah ka > baraya sadaya anu terang perkawis perkembangan > kabijakan dina IT mangga geura dipedar. Dalah > dikumaha oge kabijakan teh penting pisan sareng > ageung pangaruhna. > > Ngan dina sagigireun eta, edah oge ku urang > dipikiran kumaha carana ngaminimalkeun pangaruh > negatif tina kabebasan ngakses informasi eta teh. > > Cag skitu we heula.....nuju rieut.... > > > > Eka Priatna <[EMAIL PROTECTED]> menulis: > Haturan Kang Maman; > Hatur nuhun, sae seratan teh. Ngawakilan naon nu > jadi harepan urang > sadayana. Sim kuring mairan di handap. :) > > On 12/28/05, Maman Gantra > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Ceuk salah sahiji laporan UNDP, nyutat kasus > India, internet bisa > > ngaronjatkeun kahirupan ekonomi hiji masyarakat > nepi ka 3%. Ku kituna, > > munasabah mun pamarentah hiji nagara, kaasup > pamarentah Indonesia, mere > > perhatian nu daria dina perkara internet ieu. > Matak, basa narima beja ti > > babaturan nu ngahadiran hiji rakor di BPPT, > Salasa, 20 Desember, teh kuring > > kacida bungahna: Pamarentah nyiapkeun dana nepi ka > US$ 1 milyar keur > > ngawangun jaringan serat optik di nagara urang. > "Jaringan itu akan merambah > > sampai ke desa-desa, Kang," ceuk eta batur. > > > > Urang titenan we, naha pamarentah teh leres2 daria > dina perkara hubungan > internet di Indonesia, hususna ngaberdayakeun > potensi nu aya di daerah2. > Kacida ageungna potensi nu bisa dihudangkeun ku > ayana internet ka > lembur-lembur teh. Boa engke mah tukang kiridit di > tasik, teu kudu ngider > nagihan ka langganan, cukup transfer online di > bumina masing-masing. Ngan > silaturahmi jadi ngurangan, nya? :) > > > > Eta bae. Sakalieun ngulampreng ka lembur, kuring > sok hese neangan > > warnet. Di Ciamis, misalna, sakanyaho kuring, > warnet teh ngan aya di deukeut > > alun-alun. Kitu ge bukana siga nu puasa sunat: > Ngan Senen jeung Kemis. Bari > > bukana teh ti jam salapan isuk nepi ka bada Isya, > jam dalapanan. Sanajan, > > Ciamis kaitung nu pangheulana miboga program > "internet masuk sekolah". Malah > > salah sahiji STM di dinya jadi proyek percontohan > keur tingkat nasional. > > > Kang Geni ti payun kantos masih informasi yen > sakola-sakola di Tasik geus > kahubungkeun ku WLAN, wireless. Mung duka geus > sabaraha hiji sakola. Sim > kuring panuju lamun komunitas internet dimimitian di > sakola, teu pordeo ge > teu nanaon, asal murah. Keun kelompok pelajar/pamuda > heula nu jadi pionir, > munasabah engkena bakal tepa ka nu lain. > > Na situs WAN Kota Tasikmalaya > (http://wankotatasik.org) -- nu katingalna mah > teu kaurus -- disebutkeun yen rencana WAN nu tadina > mah ngan ukur ditujukeun > jang kapentingan pendidikan di Dinas Pendidikan, > dilegaan ka dinas sejenna: > Bapeda, Dinas Perindustrian, Dinas Kesehatan, Dinas > Kimpraswil (eum, ieu teh > singgetan tina naon?), Kantor Arsip Daerah, > Kepolisian, Bawasda dan Setda > Kota. > > Ieu tangtu hiji lengkah nu hade pikeun ngalalanyahan > komunitas internet nu > leuwih gede di daerah. > > > > __________________________________________________ > Apakah Anda Yahoo!? > Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki > perlindungan terbaik terhadap spam > http://id.mail.yahoo.com > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > ----------------------------- http://www.urang-sunda.or.id ----------------------------- __________________________________________ Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less. dsl.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

