abdi ti Sumedang, kang....
Cibungur Rt 04/04 Desa Jatibungur Kecamatan Darmaraja (cekap teu?)
Mangga bilih bade nyimpang, tah lebah lapang Sukaratu-Darmaraja
naek sakedik aya kebon awi taroskeun Deden Sureden budak Pak Ardi (Alm)
geura sok apaleun sigana mah...tapi tong naroskeun ka budak satepak bilih teu apaleun,naroskeunna ka no tos "over ABG" we meh apaleun. Da unggal mulih ulin teh sareng ABG ka luhur wae, meh ngora.
Mun ABG teu apaleun, taros saha ngaranna, ke mun mulih ka lembur di cabok tah budak teh teu apaleun ka Jeger BURTONG (Cibungur Tonggoh).
Tuh seueur geura anu ti Sumedang aya kang Waluya, Kang Syam, teh Julia jrr...hilap deui abis bulan can gajihan....
DEnS
ong Suhendar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Cikan.......cikan.......cikan.....Kasuhun anu tipayun, kasambat anu tarelat.(Bener teu euy ??? hampura nya mun salah da ieu teh bari keur ngadengekeun lagu tarling Cirebonan)Abdi mah nembean di Kusnet teh sabulan oge acan meren! hampura wae nya mun rada calutak teh leuhda kieu ari simkuring mah mun aya kapanasaran teh tara katahan, mun ditahan teh asa muleuk na beteungna.Kapansaranna teh hayang apal ka urang Sumedang anu aya di Kusnet saha jeung dimana wae lebahna nya...Sok ah anu keur tapa hudang hela, anu keur noong kaluar hela, anu keur perem beunta hela kituh....nya mudah-mudahan ari tareurang mah bisa unjung anjang, kuring anu jadi tamu na tapi he he he heh heh hehKa baraya Kusnet saday bilih nuju luntang lantung di wilayah sumedang kidul mah tepangan wae simkuringdi weuweungkonDs. UjungJaya Blok BBCtaroskeun wae Otong Danco incuna aki Salunpasti diteunggeulan eh salah pasti dianteurkeun kitu maksud teh eh eh eh eh eh eh komo ka ojeg mah....Sugan wae atuh ari teupung mah ngaliweut-ngaliweut nya, samemehna nguseup heula pedock meureun nya!!ngaliweutna di Padayungan waduh-waduh sono euy...tapi eta oge mun kuringna aya dileumbur hi hi hi hiSok ngaracung da moal diontrog ku kuring oge paling rek dianjangan he he he he (rek dipenta oleh-olehna)....rek dijapri, rek dijabrig oge bebas leuh...Punten ah ka baraya anu sanesna.........
Website :
http://jatigede.bravehost.com/
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

