Husss ari si Emang. Ka Kolot teh. Kawalat geura. Ka prof Miki disebut mikimouse

tantan

On 12/30/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

sakantenan ngawaler kang dokter dadang rukanta.


Hawe anu bageur sareng Mang Jamal anu aktif,

Tadi enjing abdi ka National Library Australia kanggo maca Cupumanik, ti
Nomor munggaran dugi ka nomor 29 taun ieu. Jongjonan  we di ruang baca
anu nuju sepi da akhir taun teu aya nu daratang.
Sihorng Hawe teh gawena seueur pisan. Tarjemahkeun sagala rupi carita ti
abasa Inggris, nyerat perkawi Coolsma, Satjadibrata sagala. Upami Mang
Jamal mah nyerat perkawis Si Ua, Pa Sas tea. Abdi yakin Cupumanik teh
hirup pisan. Seueur informasi sareng bacaan anu sarae. Hawe tong hilap
nyimpen sadaya nomor anu jilidan kanggo abdi nya.

Aya panuhun ti abdi. Rupina, universitas abdi teh masihan widi kanggo
diskusi atanapi ceramah di Bandung dina sasih April 2006. Kanggo
lancarkeun proses birokrasi cehna, sae pisan upami aya uleman yen Jang
Miki bade ngiring diskusi di Itenas.
Jadwalna mah kumaha saena tuan rumah wae, Mang Jamal sareng Itenas.
Tangtos abdi nyuhunkeun bantuan Ua Sas oge da Hawe kantos nyebatkeun aya
minatna kanggo ngiring diskusi Ua Sas.

Upami tiasa Invitation letter teh kedah aya hari tanggal, maksud, nama
saya yang lengkap (Dr. Mikihiro Moriyama, Professor of Indonesian
Studies, Department of Asian Studies, Nanzan University, Nagoya).
Kaleresan aya contona. Bade dilampirkeun wae.

Perkawis waktuna mah, kumaha saena wae, supados gampil kanggo anu minat,
khususna anu ngarora. Minggu kamari abdi ngawartosan ka Hawe teh ti
dinten Sabtu kaping 1 April dugi ka Kemis ping 6 April bade di Bandung
sareng Jawa Barat. Mugi-mugi aya waktos oge jaln-jalan ka wewengkon  wetan
Priangan.

Upami mondokna, di mana wae anu gampil kanggo Hawe sareng Mang Jamal.
Upami aya guest house Itenas mah nuhun. Tangtos biaya penginapan sareng
tuang atanapi transportasi sareng sajabi eta mah abdi nu sediakeun.
Kanggo acara mah ulah agung-agung teuing, bilih biayana seueur. Di dinya
abdi mah mun tiasa nyumbang diskusi wae, sugan.

Pokokna mah, abdi mah ngiringan Hawe sareng Mang Jamal wae sakumaha
saena. Upami rencanana tos ditangtoskeun, abdi bade nyarios ka Bung Pax
di KPG supados kenging sababaraha exemplar buku abdi kanggo diskusi
atanapi pabukon yayasan Perceka tea.

sakieu heula

miki tea

ps. Mang Jamal, abdi tos patemang sareng tuang rayi Andy di kantor abdi.
Oge kamari mah tepang di tempat balanja. Rupina milari oleh-oleh.




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke