Kang Is nu dipihormat,
 
Hatur nuhun pisan kana seratna. Utamina, ku wartos ngeunaan penyu hejona. Sim kuring ngiring prihatin sanes bae ku kaayaan nu nyampak Pangumbahan. Tapi, sapertos nu kantos kakuping ku sim kuring, oge disebatkeun ku salira, wirehna para wargi di ditu tos (meh) beak dengkak sangkan eta mahluk Allah teh teu dijualan.
 
(BTW, naha eta pausahaan di Sukabumi teh sami heunteu sareng nu ngokolakeun penyu hejo di Pulo Serangan, Bali? Pan, kawitna di ditu ge sesah melindungi penyu hejo teh? Alatan, urang Bali meryogikeun dagingna kangge upacara?).
 
Perkawis ngaharewosan ka Mang Ihin, oge ka Kang Iyan (Sanes Kang Uyan, pan?), Insya Allah didugikeun. Sanaos, abdi ge saleresna mah teu patos "caket" sareng eta sepuh teh. Biasa..., sanes bae aya masalah generation gap. Oge aya handycap sanesna. Lian ti eta: Naha aranjeunna oge kersa diharewosan ku jalma pantar kuring? Tapi, Insya Allah, ku tatalepa, paling heunteu amanat Akang didugikeun. Hanas, naon nu dipimaksad ku urang kalaksanakeun, nya duka. Tapi, sawios meureun, nya. Paling heunteu urang tos usaha, pan?
 
Di luar haharewesan ka Mang Ihin Cs, naha teu langkung sae, urang oge ngalakonan cara nu sanes? Di antawisna, kampanye di media massa (kalebet milis-milis) ngeunaan hal ieu? Sugan ku cara kieu, seueur deui jalmi nu terang,  yen urang katitipan Pangeran mahluk purba nu namina penyu hejo. Bari sadar kana fungsi ekologis sareng sosialna. 
 
Kukituna, punten serat Akang ieu oge diforward ka sawatara milis. Manawi aya nu tiasa ngabantuan urang. Boh dina ngaharewosan Mang Ihin, oge ngampanyekeun penyu hejo di Pangumabahan ieu.
 
Baktos oge ka para wargi di Sukabumi. Utamina Wa Obie sareng Kang Awang -- tos lami teu kontak, saatos anjeunna bolay janten anggota KPI. (No HPna ge ical, buku alamatna aya nu maling).
 
Maman Gantra
 

Iskandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Yth Kang Maman,

1. Ditatar Sunda teh hususna di Pangumbahan - Kabupaten Sukabumi aya hiji hewan purba anu hampir punah, nyaeta Penyu Hijau. Parantos terkenal ka sadunia yen eta sato teh sok ngendog di pantai Pangumbahan.
Bahkan lambang kabupaten Sukabumi oge nganggo gambar penyu sagala.

2. Ti taun 70an penyu teh dikelola ku perusahaan swasta, didukung ku Perda Kab Sukabumi sareng didukung ku Serat ti Menhut.

3. Masyarakat Pangumbahan anu teu pernah dilibatkeun dina ngelola penyu heran, ongkoh disebutna pelestarian, tapi beuki dieu penyu teh bet beuki
carang nu ngendog.

4. Kangggo masyarakat Pangumbahan eksistensi penyu teh sami sareng
eksistensi candi Borobudur jang urang Yogya. Upami penyu punah, moal aya turis anu dongkap, moal aya duit anu ngalir. Ringkesna penyu eksis - masyarakat oge eksis.

5. Masyarakat Pangumbahan nyuhunkeun tulung supados tiasa dilibatkeun dina upaya pelestarian, margi dugi danget ieu mah teu aya pisan anu ngontrol eta pangusaha.

6. Tahun 2006 teh taun Penyu, bakal dirayakeun ku negara2 di Lautan Hindia sareng negara-negara Asia tenggara, kalebet Indonesia, anu tos kacatet
ngiring tandatangan MoU IO-SEA Marinte Turtle di Bangkok tahun ieu, dina upaya pelestarian penyu. Ping 1 Maret 2006 bakal di lounching ti Bangkok, pusat na IO-SEA  Marine Turtle.

7. Tren di dunya pelestarian penyu teh 100% full protected, hartosna 100%
dilindungi. Sabalikna di Sukabumi 50% telur penyu masih keneh kengeng diical, saurna kanggo biaya pelestarian.

8. Tokoh2 LSM Lingkungan di Sukabumi parantos berusaha kanggo nyegah
kepunahan penyu, mung dugi danget ieu Pemda sareng Pengusaha tea anger kitu tos 30 taunan. Tos beak dengkak, LASA tos ngadukeun Bupati ka Pangadilan sagala.

9. Tangtos Jawa Barat/ Ki Sunda bakal disuhunkeun pertanggungan jawab kana  eta kalakuan anu henteu saluyu sareng undang-undang anu aya saluhureun nana sareng teu saluyu sareng kebijakan pamarentah pusat / dunia. Ki Sunda bakal kaisinan dimata dunya. Tangtos di akherat bakal ditaros ku Gusti anu murbeng alam, kunaon Ki Sunda teu amanah dina ngelola aset dunia titipan ti nu kawasa. Padahal lamun eta sato punah
bakal jadi bencana jang ekosistem laut.

10. Sugan-sareng sugan Kang Maman tiasa ngabantos, ngajak Kang Uyan sareng  Mang Ihin supaos turun tangan ngaluruskeun kalakuan anu kedokna pelestarian, tapi kanyataan di lapangan kalah ngagancangkeun kana kamusnahan penyu (saur beja mah Mang Ihin ngiring berperan dina kaluarna surat ti Menhut !).

Hatur nuhun kana perhatosan nana,
iskandar - Forum Peduli Sukabumi




Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke