Hatur nuhun Kang Rachmat,
 
Rada langka Pa Zen nyerat akhir-akhir ieu, ayeuna mucunghul deui di koran Kompas sakumaha anu diforward ku Kang Rachmat ieu. Nuhun Kang, si kuring teu kudu neangan koran Kompas :)
 
Ti baheula pogot kana seratan-seratan pa Zen teh. Keur mah kaasup dosen favorit anjeunna teh. Sok sanajan si kuring kungsi "dicarekan" dina mata kuliah "nyusun laporan", tapi malah ngahaturkeun nuhun ka anjeunna. Aayeuna karasa pisan manfaatna pangajaran ti anjeunna dina urusan nyieun laporan jeung presentasina.
 
Basana basajan (lugas), teu seueur raehan, namung estuning ngagambarkeun pangaweruhna anu jero tur diwuwuh ku teknik komunikasi tulisanna anu maher. Eta diantara ciri seratan-seratan Pa Zen ti kapungkur nepi ka ayeuna. Komunikasi lisan atawa retorikana oge sae, matak pogot. Warna sora ngoncrang beurat, handaruan tapi teu matak katorekan dedengean.
 
Seja  ngomentaran sautak-saeutik, itung-itung nanya atawa ngomentaran ka dosen mangsa anjeunna (MTZ) ngawulang, babaran wae lebah penggelan seratan anjeunna ieu anu kapilih:
 
MTZ.
Menjadi Bangsa Berdaya

Di Indonesia sangat sukar berbicara tentang hewan-hewan yang dulu lazim
banyak terlihat berkeliaran di sekeliling kita. Ini dikarenakan wabah
flu-setan. Misalnya sapi, kambing, kelinci, domba, dan banteng. Sebab,
sapi sudah berubah menjadi sapi perah; kambing menjadi kambing hitam;
kelinci menjadi kelinci percobaan.

manAR:
Padalisan ieu hiji teknik komunikasi nulis anu luar biasa. Ceuk elmu komunikasi (anu si kuring teu daek wae ngalarapkeun dina tulisan keur ka media citak) tulisan atawa artikel keur konsumsi umum anu matak narik anu maca kudu "digebrak" ku hal-hal anu matak panasaran ka anu maca. Panasaran hayang neruskeun maca eta artikel. "Gebrakan" dina tulisan MTZ ieu dimimitian ku "leungitna" sasatoan anu biasana katembong mindeng ngulampreng di pakarangan. Leungit onaman leungit sasatoan teh, tapi Indonesia ngajanggelek jadi "kebon sato", sato sejen. 
 
MTZ
Kambing hitam paling perkasa kini adalah Amerika Serikat, Eropa, dan
lain-lain. Awal-awal Orde Baru dulu, komunis menjadi kambing hitam
terbesar dan laku dijual. Kini kalau ada bom meletus, mesti Amerika yang mau
mengadu domba.
jst.
 
manAR:
Dina paragraf ieu MTZ ngingetkeun ka urang sadaya yen sanajan mungkin memang Amrik teh bisa dijadikeun taleus ateul atawa sasaran "kambing hitam" anu satemenna teu hideung-hideung teuing (sabab memang aya turut campurna), tapi kasalahan anu ngabalukarkeun bangsa urang siga kieu ayeuna tetep aya di bangsa. Buktina? toong bangsa Vietnam, kurang kumaha katideresana akibat perang (anu Amerika dina perang eta lain wae kambing hitam, tapi bener-bener miluan jadi dalang), tapi Vietnam bisa hudang tur nangtung geus meh sajajar jeung bangsa Asia sejenna anu maju. Dina padalisan ieu MTZ sacara lantif nganasehatan: teu kudu nyalahkeun batur lamun kaayaan sorangan ripuh teh, intropeksi wae.
 
MTZ
Kenapa bangsa-bangsa ASEAN lain maju, sedangkan bangsa Indonesia itu
miskin dan ketinggalan dalam banyak hal?

Hal ini banyak diperdebatkan oleh banyak ahli. Berbicara tentang soal
ini tak habis-habisnya. Singkatnya, beberapa ciri dapat dikemukakan
sebagai prasyarat kemajuan, antara lain:
1. Berpegang pada prinsip-prinsip etika yang kuat;
2. Berdisiplin tinggi;
3. Bertanggung jawab (accountable);
4. Menghormati hukum dan peraturan;
5. Menghargai hak warga lain;
6. Senang bekerja (Kerja itu Mulia);
7. Bekerja keras untuk dapat menabung dan berinvestasi;
8. Berkemauan untuk bertindak hebat;
9. Menghargai waktu;
10. Betul-betul memanfaatkan sains dan teknologi. Ini yang disebut sepuluh prasyarat untuk maju, sejahtera. dan kaya.
 
manAR:
Upama leukeun ngilo naskah-naskah kuno titinggal budaya Sunda, syarat kamajuan bangsa anu 10 sakumaha ti MTZ teh- lamun teu kabeh oge - sabagean gedena baris kapanggih aya geus dituliskeun ku luluhur urang Sunda. Anu si kuring yakin wae, nomer 1 nepi ka nomer 9 aya kapanggih, boh dina "Amanag Galunggung", "Sanghiyang Siksa Kandang Karesian" atawa Naskah Kuno jeung prasasti Sunda sejenna ("Sewaka Darma", jst).
 
Utamana anu nomer 6, resep digawe teh apan ajaran anu biasa disebut "tatapa" tea. Napakeun dunya, taya lian ti "pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya di buana". Anu sapuluh, ku prasasti Kawali wae geus kacirian garis badagna: "Lamun hayang meunang dina peperangan, kudu digawe anu ngadatangkeun kahadean (ka sasama)" sakumaha eusi prasasti:"pakena gawe rahayu pakeun tanjeur di juritan".
 
Kumaha ceuk Islam? Kuring yakin, anu 10 teh dalah eta pisan diantara eusining agama Islam anu penting. Anu nomer 6 upamana, yen satiap parentah iman dina Al Qur'an meh sabagean gede diiringkeun ku parentah amal saleh. Ana kitu mah tetela agama (Islam khususna salaku agama myoritas US) geus luyu jeung budaya US. Tapi, naha geuningan teu maju-maju (dina harti maju anu positif) urang teh? Sigana aya anu salah dina prak-prakan ngalaksanakeun agama di urang.
 
Lamun sapuk mah sarerea, hal anu salah teh-sakumaha mindeng pisan diguar di milist - nyaeta ngagegedekeun teuing dimensi ritual (jeung dimensi misitikal) dina agama. Atas nama ibadah ritual, kalan-kalan korupsi oge diantep (korupsi dina ngokolakeun urusan haji, upamana, geus nepi kamana ayeuna urusanana?). Ibadah ritual mindeng pisan dijadikeun panyalindungan tina kalemahan dina urusan sosial. Ripuhna, para da'i mindeng pisan ngagegedekeun urusan ritual ieu sakitu rupa, nepi ka teu saimbang jeung dimensi sosial anu "justru" sakuduna mah leuwih dikahareupkeun. Peun.
 
MTZ
Semasa Orde Baru muncul sikap arogan dan berkeyakinan bahwa kita bangsa
super: paling beragama dan paling rukun; paling luhur budi pekertinya,
paling ramah, Tanah Air kita paling kaya, paling indah; UUD-45 itu
adalah suatu masterpiece (tanpa menyadari bahwa UUD-45 tidak lain dari
jiplakan konstitusi Belanda tahun 1814).

manAR:
MTZ ngaliwatan padalisan ieu siga-siga anu ngajalanan sangkan urang mimiti mikirkeun  perkara UUD anu bener-bener hasil kreativitas bangsa urang sorangan. Lebah dieu, wacana hukum adat nasional anu ngarupakeun kumpulan tina hukum adat di tingkat seler bangsa anu ngawangun bangsa Indonesia ieu geus meujeuhna dirumuskeun. Sugan wae jadi ipukan keur ngalahirkeun UUD anu dimaksud.
 
Di Tatar Sunda, ceuk cenah, rek aya pagempungan ngeunaan "PURUHITA"-lembaga adat anu mancen tugas ngarumuskeun hukum adat (leuwih pasna: revitalisasi adat'kabudayaan dina widang hukum). Lamun enya ieu kajadian, sugan wae atuh jadi pabinihan tumuwuhna hukum adat di Indonesia anu leuwih luyu jeung budaya bangsa Indoensia. Keur ngokolakeun leuweung mah asana geus ngarupakeun draft perda ieu hukum adat teh. Sugan wae atuh kaparengkeun. Tujuanana mah teu aya lian, kahirupan anu leuwih adil tur leuwih katarima ku sakumna rahayat kulantaran nyoko kana ajen-inajen budaya sorangan.   
 
MTZ
Langkah ke depan
......
Negara-negara maju berteriak sumber daya alam tidak penting lagi, yang
penting kemampuan teknologi. Sikap kita seharusnya sebagai berikut:
Kita kembangkan teknologi sambil kita kembangkan sumber daya alam dan
lingkungan alam yang ada di sekitar kita secara optimum. Jangan sekali-kali
kita berkata, sumber daya alam tidak penting lagi. Jangan sekali-kali!
Bersyukurlah bahwa kita masih punya sumber daya alam yang sedikit itu.

Kita harus tahu dengan sebenar-benarnya apa yang kita miliki, apa yang
tidak kita miliki. Itu perlu pengetahuan, perlu sains, dan perlu
teknologi. Kita harus belajar menjadi anggota masyarakat dunia karena kita
hidup di Bumi.

Kita harus insaf. Abad ke-21 ini sarat dan kental dengan sains dan
teknologi. Masyarakat manusia memasuki kultur abad ke-21 di mana muncul
modal dan industri virtual (maya); reduksionisme digantikan oleh
sinergisme yang tinggi; fraktal dan kompleksitas menggantikan pikiran-pikiran
yang linier dan geometrikal. Perubahan itu tidak menunggu kita.

manAR:
Tah geuningan, Kade, saur MTZ, ulah kababawa ku bangsa-bangsa anu geus maju. Sok sanajan abad ayeuna sain jeung teknologi (plus IT) keur jugala, tapi ari anu boga sumber daya alam mah nya tetep kudu nganyahokeun sumber daya alamna bari jeung mimiti neuleuman sain, teknologi jeung IT. Nasehatna lamun disinggetkeun kira-kira: cikan pek tah usahakeun sains, teknologi jeung IT anu sanggup ngalahirkeun cara ngokolakeun sumber daya alam anu aya nepi ka bisa ngadatangkeun ka lohjinawian keur bangsa.
 
Modal teh taya lian ti masyarakat jeung kabeungharanana (boh alamna, boh budayana).Kukituna, pangwangunan teh kudu nyoko kana kaayaan ieu modal masyarakat. Ngaronjatna kahirupan masyarakat anu jadi ukuran, lain tumuwuhna angka-angka pembangunan (anu umumna ieu angka-angka teh angka-angka eknomi hasil jumlah jeung rata-rata tea).
 
Ulah sok nyapirakeun kaayaan (modal) masyarakat sakumaha basajanna oge. Tinimbang ngareduksi (nyapirakeun), anggursi adumaniskeun (sinergi). Lebah pikiran-pikiran anu fraktal jeung kompleks, satemenna hal eta geus jadi ciri budaya Sunda. Ilikan wae, upamana, konsep waktu di Sunda anu teu linier, tapi siklis (tapi kade ulah dihartikeun jadi henteu tepat waktu). Dina lebah basa, unsur fraktal jeung kompleks oge katembong. Sok sanajan kitu, tetep kudu aya basa anu merenah anu bisa digunakeun komunikasi ku sarerea kalawan gampang. Sikep kana alam - sakumaha kapanggih dina cara ngokolakeunana - geus ngebrehkeun sikep anu henteu reduksionis, linier jeung geomteris.
 
Alam maya (internet) disebut-sebut. Kabeneran, geus aya sagolongan US anu geus narincak ieu "lebak cawene" (dina salah sahiji tafsirna salaku dunya internet, ceuk anu ngadongeng). Enya, internet atawa jembarna telematika. Pananya anu kacida ngeletekna lebah dieu: "Naha enya urang geus daria ngamanfaatkeun internet (telematika) pikeun kamajuan (budaya) bangsa?" Atawa: "sabenerna mah masih aya dina dataran ukur karek ngagunakeun internet, tapi tacan ngamanfaatkeun kalawan daria, komo keur ngawangun budaya anu sistematis mah?". Tapi, muga ulah peunggas harepan, karek nepi ka mana wae, lumayan, tinimbang tacan pisan mah.
 
 
Cag heula.
 
baktos,
manAR 
 
 


 


Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke