Bade tumaros, kunaon pami ngadamel liwet, sok ditamprakeunana dina daun cau? Resep buhun atanapi “default” na kedah kitu? Hehehe…
 
Waleran Abdi :
  1. Hoream nyandakan piring ka bumi (sok dicarekan ku pun bojo, pajeurkeun teh loba kumbaheun, leuheung mun sok mantuan)
  2. Beda karasana ari dina daun cau mah, resep ngorehan liwetna (pami hoyong buktos mah, geura cobian ku Ceu Eros pami arisan sareng ibu-ibu)
  3. Langkung nikmat mun liwetna saeutik, tapi jalmina lobaan.
  4. Ari na daun mah teu kudu ngumbahan tilasna, tinggal dikompetkeun terus alungkeun ka balong...hehehe
  5. Ngalambangkeun rasa sabilulungan
keur abdi oge sabalad-balad ngaronda mah, jigana tiasa disebatkeun "default" oge. tapi da aya nu sok misahkeun karep oge. ti imahna mekel piring katut sendok. ceunah mun tuang teu nganggo piring komo sendok mah, sok dicarekanan ku bojona, pajarkeun teh teu higenis ceunah. Cekeng teh  "lah maneh mah sieunan teh kabina-bina, sieun ku pamajikan mah mun pamajikan apaleun mun maneh salingkuh, boh salingkuh ka awewe boh nyalingkuhkeun duit gajih."
 
kebo
sawios disebat kebo oge abdi mah ridho Ceu...hehehe
----- Original Message -----
Sent: Monday, January 02, 2006 3:18 PM
Subject: [Urang Sunda] Re : HAYAM ADU

Nepangkeun Kang Kebohideung…(aduh punten teu terang namina) abdi Rosma, meuni sae carpon teh…
 
…. Beres mencit hayam terus ting keteprek marasak, heuleut sajam satengah, liwet katut daging hayam geus siap saji, plok liwet di amparkeun kana
daun cau...terus arandekak sila nyanghareupan liwet, barang keur babagi
daging, jol teh Kang Romi ngalangkung, wah aya liweut yeuh...cek kang
Romi bari cinggogo….
 
Bade tumaros, kunaon pami ngadamel liwet, sok ditamprakeunana dina daun cau? Resep buhun atanapi “default” na kedah kitu? Hehehe…
 
Baktos,
Ceu Eros
 
 
On 12/28/05, kebohideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     
HAYAM ADU
  Unggal malem Ahad kabeneran kang Aris sok kabagean ngaronda, heueuh
da Kang Aris mah pagawe negri, jadi ki RW ge ngarti dina ngatur jadwal
ronda teh. Anu pagawe negri jeung anu digarawe di luar kota, tugas
ngarondana dihijikeun di malem Ahad, ceunah ambeh teu tunduh digawena, da
isukna pakanci ieuh. Aturan ki RW teh meunang pangrojong ti istri-istrina
anu digarawe di luar kota, ceunah ambeh mulangna saminggu sakali. Jadi
kabiasaan lamun pas poe Jum'at loba henpon disarada, singhoreng anu
bagean ngaronda malem minggu anu garawena di luar kota ngaririm sms,
ceunah eusina sarua kieu unina "Mah gimana keadaan..bapak mau pulang nih"
  terus sms teh dibales aya nu ngajawab "buruan pah, mamah menanti" 
aya nu ngajawab "rek mulang mah mulang we, ngan Ibu nuju M ayeuna mah"
jeung rea-rea deui jawabana.
..............................................
  xxx---

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke