Deuh,
raraosan abdi kantos interview di ieu pausahaan sareng Manager na teh namina P'
Andre urang Bandung oge cenah. upami teu lepat seueur mantan Karyawan Sony oge..
sareng DMC teh kapondokan ti Design Machine Computer cenah mah
nya?
Interview sareng P'Andre lancar.... sareng HR na Bu Saha lah da pokokna
istri oge lancar ( masalah Gaji )... anu teu lancar teh sareng Bu Dewi anu
Direktur na nya?
Pembukaan sareng Bu Dewi teh terang ti Riau langsung naros Iyeth Bustami?
ateuh abdi ngabigeu da teu apal harita teh... saha Iyeth Bustami
teh????
teras
wae.. biasa lah ngobrol ngangge basa araringgis... teu nyangka ditungtungan ku
informasi anu matak ngahandeueulkeun datang kadinya..
Enya
kenging Informasi ti P' Andre cenah peryogina jang Store+EXIM, matakan lancar
proses Interview teh... ari jeung Bu Dewi.. tina naros masalah Warehouse teras
EXIM Procedure Customsna. jsb na lah.....jol nyebut Purchasing, ateuh rieut da
teu aya pangalaman didinya.. cenah mah abdi kenging informasi salah ti
P'Andre... heuheuheu..rieut.. kagok asong tos kaitu meakkeun duit jang ongkos
pasawat.. sebutkeun wae.. sok lah kasih waktu 2 Bulan kalau saya dianggap gak
mampu di bidang purchasing silahkan tendang sayah.... " Keukeuh cenah butuh anu
pangalaman di bidang Purchasing... matak handeueul pisan harita teh bisa kasebut
miceun duit teu puguh... enya emang namina usaha perlu pengorbanan.. tapi ku sim
kuring dianggap pangalaman eta Pengorbanan teu puguh... da geuning saliwang...
heuheuheuheu..
Punten
kang Ahmad upami benten pausahaannana sareng anu dicarioskeun ku abdi diluhur..
sareng upami sami oge punten sanes abdi niat nanaon mung bade ngadongeng
wae.. anu utamina mah teu acan aya rejekina abdi didinya.. Tah samodel ayeunamah
info na jelas, sigana moal pabaliut engkena..
Baktos,
Çéçép
Wahyu
-----Original Message-----
From: achmed zaelani [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, January 02, 2006 6:13 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Info PadamelanIeu aya info padamelan. Manawi aya nu cocok, kanggo posisi Engineering sareng Exim.Hatur Nuhun.Achmed Z
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

