Hayang ningali Braga Festival, asa hese waktuna, komo dina poean damel mah. Mangkaning waktuna ngan 4 dinten (28 dugi ka 31 Desember) upami teu lepat mah.
Dina poe Jumaah sore, 30 Desember mah ngahajakeun wae ngajak Ki Sobat supaya daek nyarengan.
Dina anggapan kuring, Jalan Braga ti payuneun Gedung BI dugi ka Jalan Asia- Afrika dianggo acara Braga Festival teh. Maklum kuper, teu maca koran, jeung teu nonton TV lokal. Saruana tah jeung Ki Sobat, cenah parkir teh di Balai Kota wae. Asup ka Gerbang Balai Kota, kuring dipapag ku Petugas Pol PP. "Pa, bade ngiring parkir, bade ka Braga Festival." " mangga, bu palih dieu," Meni darehdeh tah si Pol PP teh.
Saanggeus parkir, kuring jeung Ki Sobat, meuntas ka Jalan Braga, eh naha gening sepi belah dieu mah. Belah mana atuh Braga Festival teh. Kalah aya outlet anyar di Gedong urut Polda Jabar peuntaseun BI. Dasar Ki Sobat mah elodan, "Urang ningali outlet wae atuh, ari jauh keneh mah
lokasina" Hehehe.....teu bisa da tujuanana oge lain ka dinya.
Nya rada jauh oge tah mapay Jalan Braga. Waktu di hareupeun bangunan Braga City Walk, aya kantor pemasaran apartemen, eta mah Ki Sobat, malah ngajak urang naroskeun cenah sabaraha tah harga apartemen teh. Ku kuring kapaksa digusur deui, teu meunang elodan! Hahaha....Galak tea nya.
Tepi wae ka Naripan-Braga, teh ieu gening lokasi na teh. Aya pentas musik, teu ngarti da kaburu lekasan, leumpang deui ningalian stand (asa pameran barang biasa) terus aya tarian (teu ngarti oge), ningali pameran foto di Gedung PWI, teras ka Km 0, aya nu ngalukis model, lumayan tah modelna geulis, jadi rada lami ningal. Lantaran kaburu magrib, nya gurunggusuh balik deui ka Balai Kota.
Teu kabujeng ka Gedung YPK atawa ka Hotel Preanger ningal Pameran Lukisan mah.
Jadi kumaha tah Braga Festival teh? Tanya Ki Sobat. Hehehe.......kurang gebyar ceuk kuring teh, meureun dadakan teuing acarana, oge teu
aya biaya kitu? Nya lumayan lah keur gawe dadakan mah sakitu oge.
Kulantaran hanaang, di French Bakery meser susu ultra kotak, leguk seep, tah palebah rek miceun runtahna sajajalan bingung da teu disadiakeun tempat runtah. Euleuh kieu gening Bandung teh? Kakara terang, hehehe...... Cape gening ningal Braga Festival teh, dugi ka ngesang.............
Baktos,
ika
Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

