Di kebon pakarangan bumi pun biang aya daun cau. Jadi di abdi aya daun cau, daun korma malah anu teu gaduh teh. Emh, nasib. Ti mana wae ketang, teu ngiringan ngadegkeun oge ujug-ujug "boga" nagara, nagara batur :) . Aeh punten, sabulangbentor heureuy teh nya.
Ke, kailangan jejer ieu teh. Naon tea nya anu nuju diadukeun teh? hayam? :) Alhamdulillah, kuring kaasup anu teu resep sarupanuing uda-adu, kajabi ngadu ...bako. Jadi...naon atuh anu kudu diobrolkeun? Aeh, ari maneh, na bet ngadon mairan? ceuk kuring ka kuring :)
baktos,
manAR
On 1/3/06, rosma ilyas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aduh…hatur nuhun pisan kana waleran Kang Kebo, Wa Siddik (hehe…ngiringan kanu sanes ngaUwakeun nyaa…), Kang Yosep, Kang Kumi & Kang Otong…ayeunamah tos nyingray…yen ngaliwet sok ditamprakeun na daun cau teh aya sasakalana sareng seueur alesanana. Ngan eta pami di tamprakeunana di Parabola mah atuh kedah di tengah kota ngaliwetna nu teu aya tagkal cau hehehe…komo di Oman mah sigana teh mung aya daun korma (ih, meuni siga nu terang we nya Kang Yosep…).Baktos,
Ceu Eros.
Message: 8
Date: Mon, 2 Jan 2006 08:39:37 +0000 (GMT)
From: Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED] >
Subject: Re: Re : HAYAM ADUCing..cing.. urang nyobi ngawaler ieu patarosan.. duka leres henteu
namah..
Rupina sangu liwet sok ditamplokkeun kana daun cau, eta teh hiji
kabiasaan ti jaman karuhun, apan karuhun urang Sunda tukang ngahuma, janten
upami bade kahuma teh bebekelanana cekap ku kastrol, beas, sareng lauk
pauk sakadarna.
Kumargi dihuma mah teu aya piring atanapi nyiru, nya sangu liwet teh
ditamplokkeun kana daun cau, ambeh enggal tiis...., margi eta
panggampilna/pangseueurna nu aya di huma.
Pihatur
ssw
Panglereskeun upami lepat...
Message: 9
Date: Mon, 2 Jan 2006 12:43:18 +0400
From: "Yosep Hania" < [EMAIL PROTECTED]>
Subject: RE: Re : HAYAM ADUSoalna upami dina daun cepil moal tiasa.heheheeeMessage: 13
Date: Mon, 2 Jan 2006 16:01:33 +0700
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED] >
Subject: Re: Re : HAYAM ADUAtuh da lebar mun ditamplokkeun kana anteneu parabola mah...isk
Message: 15
Date: Mon, 2 Jan 2006 16:19:17 +0700
From: "Otong Suhendar" < [EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Re : HAYAM ADUKang wahyu keur teuteuleuman,
aya liweut didaunan.
Hayu atuh dieuleuman,
kunaon beut didaunan...Nyao ah rieut.......
(di oman aya daun cau teu ????)
Message: 7
Date: Mon, 2 Jan 2006 16:17:50 +0700
From: "kebohideung" < [EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Re : HAYAM ADU (Ceu Eros)Bade tumaros, kunaon pami ngadamel liwet, sok ditamprakeunana dina daun
cau? Resep buhun atanapi "default" na kedah kitu? Hehehe.Waleran Abdi :
1.. Hoream nyandakan piring ka bumi (sok dicarekan ku pun bojo,
pajeurkeun teh loba kumbaheun, leuheung mun sok mantuan)
2.. Beda karasana ari dina daun cau mah, resep ngorehan liwetna (pami
hoyong buktos mah, geura cobian ku Ceu Eros pami arisan sareng ibu-ibu)
3.. Langkung nikmat mun liwetna saeutik, tapi jalmina lobaan.
4.. Ari na daun mah teu kudu ngumbahan tilasna, tinggal dikompetkeun
terus alungkeun ka balong...hehehe
5.. Ngalambangkeun rasa sabilulungan
keur abdi oge sabalad-balad ngaronda mah, jigana tiasa disebatkeun
"default" oge. tapi da aya nu sok misahkeun karep oge. ti imahna mekel
piring katut sendok. ceunah mun tuang teu nganggo piring komo sendok mah,
sok dicarekanan ku bojona, pajarkeun teh teu higenis ceunah. Cekeng teh
"lah maneh mah sieunan teh kabina-bina, sieun ku pamajikan mah mun
pamajikan apaleun mun maneh salingkuh, boh salingkuh ka awewe boh
nyalingkuhkeun duit gajih."kebo
sawios disebat kebo oge abdi mah ridho Ceu...hehehe
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

