punten ach... kuring ge bade tumaros deui.. Ceuk Pak Uka ,naha geuning Dyah Pitaloka nu dilamar ku Hayam wuruk teh nu ngadatangan ka Majapahit.. Mun ceuk sakaol jelema tibalik lain awewe,kudu na mah lalaki nu ngadatangan awewe.. Jeung deui sajarah teh loba nu di petieskeun alias di halimunkeun.. duh teungteuingeun... Punten ach.. nyuhuenkeun brainstroming.....
Turus Waktu ,Teureuh Menak Pangkat mah aya di Pajajaran --- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kenging nyutat tina Wikipediana kang Kumi : > > Perang Bubat dimaksudkeun ka hiji kajadian perang antara rombongan > karajaan Sunda ngalawan karajaan Majapahit nu lumangsung di Bubat, > wewengkon kalér Majapahit, taun 1357 M. Dina Pararaton kajadian > perang ieu disebut pabubat atawa pasundabubat. Rombongan ti Karajaan > Sunda harita ngarupakeun aleutan Raja Sunda jeung pangagung karajaan, > kaasup calon prameswari, nyaéta Dyah Pitaloka atawa Citraresmi, putri > Raja Sunda nu dilamar pikeun nyanding jeung Hayam Wuruk, Raja > Majapahit. Nalika nepi ka wewengkon Bubat, aleutan calon pangantén > dipegat ku utusan Patih Gajah Mada nu ménta sangkan Diah Pitaloka > dipasrahkeun ka Hayam Wuruk salaku séba taluk Karajaan Sunda ka > Karajaan Majapait. Ngarasa dihina jeung dihianat ku ieu paménta, Raja > Sunda teu sadia masrahkeun putrina ka Majapahit. Dina pamustunganana, > sakabéh rombongan karajaan Sunda perang campuh bégalan pati ngalawan > pasukan Majapait nu jauh leuwih loba. Dina ieu kajadian, ampir > sakabéh rombongan Karajaan Sunda gugur, kaasup Dyah Pitaloka nu labuh > tumangan maéhan manéh. > > Numutkeun Carita Parahyangan, Raja Sunda nu ngalaman ieu kajadian téh > nyaéta Prabu Maharaja nu mingpin Karajaan Sunda salila 7 taun (1350- > 1357), sedeng nurutkeun Pustaka Pararatwan i Bhumi Jawadwipa (bagian > tina naskah Wangsakerta nu disusun ku Pangéran Wangsakerta > saparakanca (1677-1698), ngaran ieu raja téh Linggabuana. Kajadian > ieu kaunggel ogé dina Kidung Sunda. > > Mangga toong dina http://su.wikipedia.org/wiki/Perang_Bubat > > -dul- > > --- In [email protected], "denysuwarja2k" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Sanggeus maca Babad Tanah Sunda, Babad Cirebon... teu kasebut euy > > perkara Perang Bubat mah. Anu harita Diah Pitaloka dugi ka tiwas > tea. > > Dimana ari Bubat teh? > > Aya oge perang rongkah di perbatasan Cirebon sareng Indramayu. > > cing saha anu terang? > > > > Deny > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/CHhStB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

