Teh Ika damang ? Basa HBH kamari gé kitu, ngahaja pesen novelna Fetussaga ka Uwa Sas, da milarian di Gramedia Depok teu aya. Duka can aya, duka séépeun.
teras nuhunkeun ditandatangan di kaca pangpayuna bari ditulisan ku MJ téh : "Kanggo Kang Nanang, Kusnet salamina..." heu heu... Ngan karék maca sabarah kaca, eta novel kaburu diinjeum ku pun lanceuk, tuluy dioper deui ka pun adi. Da geuning arapaleun ka MJ téh. Puguh raresepeun kana maca novel téh. Resep maca bari jeung resep nginjeum deuih. heu..heu.. Cenah ceuk maranehna, resep euy.. seuseurian wae..bari jeung jadi wé apal nu ngarana Onom teh. -dul- --- In [email protected], ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Basa buka puasa bareng di bumi Uwa Sas, kuring kenging 3 novel MJ, langsung ti sang novelis, ditandatangan deuih. Wah hese, lamun kudu ngahaja mah nyuhunkeun tandatangan MJ teh. Meni atoh pisan. Bari rada era, da kuring telat pisan nyaho kana novel MJ. Padahal ti penerbit anu sami kuring sok meser novel Vira Basuki. > Sakadang novel tadina mah rek dibaca salila liburan Idul Fitri, tapi ti kantor kalah dibahanan pagawean satumpuk kudu ngomentaran Proposal Kagiatan Program Pendanaan Kompetisi (PPK) ti Kabupaten/Kota. Nya kapaksa novel MJ disimpen heula. > Nu ngaranan pagawean gening teu anggeus2, disusul ku nyusun APBD 2006, terus ditugaskeun ka Malaysia. Balik deui ka Bandung masih keneh tah ngeureuyeuh APBD deui. Rada rengse minggu terakhir Desember. Kakara dibuka novel kahiji Louisiana, 3 poe tamat. Langsung muka nu kadua (hese nulis judulna bisi salah), tah eta mah tamat pas wengi taun anyar. Alhamdulillah taun anyar teh bisa namatkeun novel. Alhamdulillah aya novel keur maturan wengi taun anyar. > Minggu 1 Januari, langsung muka nu katilu (Fetussaga), tapi can tamat, da kaburu loba gawe deui jeung loba tunduh utamana mah. > Rame maca novel MJ teh, lain sakadar hiburan (seueur pikaseurieun), oge jadi nambah wawasan, da sagala dibahas gening soal filsafat, budaya, seni, arkitektur, kritik sosial, politik jeung sajabana. > Hebat lah MJ. Sakitu sibuk jadi Dosen, Wakil PR III, jadi Kuncen, jeung sajabana masih keneh tiasa nyerat novel. Wilujeng! Diantos Novel kaopat sareng salajengna! > Mung punten sok aya sakedik lepat ngetik nami tokoh (patukeur). > Hatur nuhun. > > > Baktos, > ika > > > --------------------------------- > Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/CHhStB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

