Kang Rahmat,
Hehehe, nya teu nanaon atuh Kang ari "haram" di-SCAN mah. Geuning eta kenging di-FOTO atanapi di-VIDEO. Apan hasilna mah eta-eta keneh. Nu penting tiasa dialihkeun kana format anu tiasa dikases ku balarea.

Kahatos, kunaon margina naskah heubeul "haram" di-scan. Numutkeun nu pernah katoong ku kuring di situs batur, cenah bungkeuleukanana naskah heubeul teh jiga "hihid" atawa "kipas babah". Bahanna cenah tina palapah kai atawa daun lontar, dikatet-kantetkeun make bola kaput. Upama di-SCAN tangtu baris ringsek, sabab sok didedet-dedetkeun ngagarapna. Adi di-FOTO atawa di-VIDEO mah tiasa ti kaanggangan, teu kedah ditoel oge naskahna, tiasa kenging gambarna nya.

Saleresna kuring aya conto gambar naskah heubeul teh, ngan teu lengkep alias sapotong. Kaleresan basa tepung sareng Abah Surya dibahanan "Kamus Istilah Prasasti Jawa Barat Abad 8-11" yasana Bah Edi Ekajati spk. Dina bungkus kulit eta buku teh aya gambar naskah kuno. Ngan hanjakal ngan sapotong.

Tah atuh urang robah we pamundutna, janten kieu: "Kang Rahmat, punten pang MOTO-keun atanapi pang VIDEO-keun conto nahkas heubeul teh." Hehehe. Omat kang Ndoel pang ngemutankeun Kang Rahmat bilih hilap. Nuhun.

Salam,
MH

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Abdi parantos naros ka Kang Mumu (dosen FIB), Ari
naskah heubeul mah, "haram" hukumna upami di Scanner
teh, sacara etis teu kenging, tos janten "kesepakatan" para ahli filologi sadunya. Aya hiji ahli filologi bangsa deungeun anu netelakeun hasil panalungtikanana, upami naskah heubeul di scan teh, aya pangaruhna kana naskah, matak tereh reksak cenah. Tapi upami di foto atanapi di rekam ku kamera video mah, teu naon-naon.

Tos tarerang teu acan, siga kumaha bungkeuleukanana
naskah heubeul teh? Mediana siga kumaha? tulisana siga naon? aya dua naskah heubeul di Kang Mumu, kenging ti Mang Ayat. Mang Ayat kenging ti Musieum nasional. Padahal di Musieum teh masih aya keneh 10 peti deui. Pami hoyong terang mah sumping wae ka pasamoan KUSnet-SIMPAY, 21 Januari 2006

baktos,
Mrachmatrawyani



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke