Rame sigana nya. Tiasa pesen ti ayeuna ka Gramedia? Hehehe....bilih kapiheulaan ku Kang Nanang.


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
heuheu..nuhun ah tos kersa seuri maos novel si kuring. upami aya seratan
nu teu ngartos-utamana soal senirupa desain, kaci pisan ngacung. perkawis
sajarah, kota, sabangsaning nu kararitu mah, asana teu ngangge wadul. tah,
perkawis filsafatna sareng nu sanesna mah duka teuing. ari caritana mah
full fiksi alias karangan.

novel ka opat, Epigram, duka bade iraha medalna. mudah2an taun ieu. nu ieu
mah teu ka grasindo keun, tapi ka GPU-gramedia pustaka utama. tadi
kenging wartos ti editorna, akhir sasih ieu nembe bade diedit deui cenah.

modelna siga louisiana2 sareng rakkaustarina. mung tokohna aktifis
mahasiswa, ngangge bahan baku kajadian basa taun 1989, rudini mendagri
harita ka itb, di demo tea. dedengkotna di tewak, diculik, dipenjara, di
de-o deuih. dina kajadian nyata mah teu aya nu kabur ti panjara tangtara
teras ngumbara ka mana2. dina novel ieu mah, aya (meh rame, hehe).

draft atahna mah seueur, teu acan aya nu beres hiji2 acan. maklum, damelna
wengi, di bumi, sesa ngagandong incuna mitoha. sakapeung bari ngecap
buku2 program pasaka tea.

salah sawios ideuna dina draft nu aah keneh teh, neplak -sareng dikarang
deui- lalakon kang Mike Ontohod -urang Talaga Majalengka nu damel di IAEA,
international atomic energy agency di markasna Wina Austria, tukang ngawas
instalasi nuklir dunya, diantawisna Korea Utara. tah kaleresan Apih Siddik
ngintun buku tour guide kota Seoul. seoul kanggo setting. carita ageungna
mah tos napel dina sirah, urang Indonesia, kawit ti Majalengka,
ditugaskeun ngawas fasilitas nuklir Korut. sumpingna sok ka Korsel heula.
di seoul,bentrok sareng agen intelejen korut. di seoul dibantuan ku
(neplak tokoh) kang Yaya oge Apih Siddik. hehe.


mj

http://geocities.com/mangjamal














Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke