> Basa jumaahan bieu nu jadi khotib nyindir kana budaya nasyid cing tah kumaha panyawang baraya sadaya tina ha lieu, pan dina kultur urang aya anu namina nadom anu harib harib kana nasyid malahmah sigana sarua, saurna teh ceunah ari dek dzikir mah tong make di lagukeun sagala..
> Tuluy inyana oge kungsi nyindir ka AA Gym kantos nitip pesen ka grup nasyid > the fikr basa dina acara halal bi halal cenah bejakeun ka AA Gym ari nyebat > Alloh teh Awloh lain aloh kitu ... kang Opix, cing tanya eta nu khotib, masantrenna dimana? boroning zikir, dalah Qur'an oge dilagukeun, aya balapna, eh musabaqoh tea. asana mah hukumna qur'an dilagukeun sunat (koreksi mun salah). maca qur'an dilagukeun, tangtuna sangkan jadi unsur hiburan matak tiis nyecep kana hate, eling ka Nu Maha Kawasa. dina islam aya katerangan nu jadi konci pikeun si kuring: Allahu jamilun yuhibbu jamal= Alloh itu indah dan mencintai keindahan. hehe, punten sok diplesetkeun, Alloh itu indah dan mencintai (mang) jamal. hehe. ieu konci pikeun seni nu tujuanana (seni nu masih nyiptakeun ) kaendahan. ari kaendahan teh salah saratus cabangna nya seni nyanyi, ngahaleuang. kaendahan sagala rupa. malah nepi ka ngaran jelema oge kudu nu alus (sok poho naha ieu katerangan teh ti qur'an atawa hadist,nya mun teu di qur'an, dihadist, mun teu aya dina duanana, si kuring salah). aya kajadian kieu: basa Nabi hijrah- urang sunda euweuh nu diajak sigana harita teh da harita can usum ngulampreng ka dinya- di tempat nu ayeuna Madinah (asalna Yatrib mun teu salah), nabi disambut ku musik nu ceuk ayeuna mah sabangsaning qasidah. nabi teu bendu, teu ngalarang. ieu hartna musik oge lagu, kaci. jadi make katerangan ieu, eta kritik nu khotbah teh salah kaprah. > Sarta aya hiji deui kecap pangeran dina basa sunda anu sok dilarapkeun kangge nu murbeng alam, padahal pangeran dina basa indo mah pan anak raja > nya ... hehe. aya deui, gusti sok dilarapkeun sateuacan Alloh. gusti alloh. di seler sejen nu basana oge sejen deui, gusti teh ngaran gelar pikeun menak. malah aya ngaran gusti randa, teuing saha tah jelema teh. haha. urang kalimantan asana. kecap Tuhan asalna timana? cenah sasakalana mah aya londo misionaris atawa zending keur nyebarkeun agamana di nusantara. Father jadi Bapak. Bapak di surga tea (ari indung di mana? piraku di naraka, gelo nya? heuheu). ieu teh konsepsi karesten nu paternalistik, Pangeran digenderan/dibere parabot reproduksi jinis Lalaki, Bapa. God jeung Lord jadi Tuan. kusabab letah urang dieu resep kan h, jadi make h di tengah, tuhan. aslina mah tuan. hehe. keur leutik, apal teh nulis Alloh, make o, teu make a, Allah. malah sok dijadikeun pangbeda, Alloh muslim, Allah karesten. hehe. tapi basa arabna mah jabar, jadi dibacana la, teu lo, ngan sigana basa dialek-wewengkon jadi o. sabenerna, soalistilah pangeran, gusti, teu masalah. sabab nu makena tangtuna dibungkus ku budayana numaksudna ka dinya. di urang sunda euweh jelema nu make ngaran gusti, sabab hartina nya Alloh.Pangeran enya anak raja, tapi dina konteks pangeran nu murbeng alam mah, Alloh. di budaya jeung basa sejen aya artis oge pangacara gusti randa. haha. beda budaya, beda basana. di bali loba gusti. gusti ngurah rai, gusti jst. pangeran teh basa sundana pikeun basa inggris god nu diindonesiakeun jadi tuan/tuhan tea. di basa inggris, sebutan ka gusti/pangeran mun teu god, nya sarua jeung ka menak, O Lord...maksudna nya tuhan, pangeran gusti-dina konteks ngadu'a atawa kaget-kecap reflek di urang, ya Tuhan, ya Allah (indonesia), atawa duh..gusti, ya Alloh (sunda). ucapan reflek diurang-mun kaget atawa reuwas, ya Alloh. batur oge kitu, Oh my god. atawa oh my.. wungkul. urang yahudi soleh mah teu wanieun nuliskeun ngaran pangeranana. Yahweh tea. yahweh teh ceuk yahudi. da mun nilik sajarah nabi2 mah- loba nabi ras yahudi, daud-musa -harun-isa, maksudna ka dinya-, nu ku urang arab mah disebut Allah. urang sunda baheula oge kitu, ngan nyebut Sang Hyang Tunggal, jsb, leuwih ka nyebutkeun pasipatanana. duka bener duka henteu ieu teh. ngan ukur nungguan hujan raat ;p ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/CHhStB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

