Dina sababaraha poe nu kaliwat dina milis ieu aya nu bahas isi ceramah salah saurang khotib anu eusina ngaharamkeun nasyid sareng rada ngejek ka aa agym, sarta dijawab ku anggota milis ieu yen nyanyian teh teu haram. Tapi semu nu ngejek oge. Cenah eta khotib teh masantren dimana ?

Terus inyana ngabahas ngenaan nasyi jeng nadhom sarta kaendahan. Anu akhirna nyimpulkeun yen pendapat si khotiib tadi salah kaprah, alias salah.

Sim kuring teu ngabela salah sahiji pendapat, mung manawi upami urang bade ngabahas hiji masalah keda apal heula naon nu jadi dasar tina eta masalah.

Komo mun aya dua pendapat urang keda terang heula alesan kadua pendapat anu beda. Sangakan dina nyimpulkeunanan teu asa pang benerna atanapi nyalahkeun anu sejen. Komo bari ngalelece mah eta teh jauh tina akhlaq Islam.

Punten sanes bade mamatahan ngojai ka meri atawa kokolot begog, mung simkuring gaduh kawajiban kanggo ngalempempengkeun ieu masalah.

Sakaterang sim kuring masalah ieu teh  (nyanyian) aya dua pendapat di kalangan ulama.

Aya nu ngaharamkeun sacara mutlaq aya oge anu ngamenangkeun sacara mutlaq. Tapi aya oge anu masihan syarat-syarat anu ngamenangkeun.

Anu ngaharamkeun alesananan dina al-Qur’an aya kecap lahwal hadits anu diharamkeun ku Allah kacap ieu dihartoskeun ku para ahli tafisr, sapertos Ibnu Abbas, Ibnu Mas’ud jeng sajaban ku nyanyian. Berarti nyanyaian diaharamkeun ku Allah SWT. Teras dina hadits riwayat imam Bujkhari bab tentang al-Fitan (fitnah-fitnah) diuningakeun ku Rasullah yen engke di akhir zaman aya hiji kaum anu bakal ngahalalkeun khamar (arak) babi, zina jeung nyanyian. Ieu hadits insya Allah Shahih. Berarti lamun dihalalkeun berarti asalna Haram.

Tah dumasar kana ayat sareng hadits ieu aya ulama anu ngaharamkeun nyanyian.

Tapi aya oge anu berbendapat yen nyanyian teh meunang, alesan nana dumeh basa Nabi hijrah ka madinah nabi disambut ku nyanyian sarta nabi teu nyaram. Oeg dina waktos Lebaran idul fitri aya ti antawis jariayah hamba sahaya wanita anu ngalagukeun sababaraha nadhom mun ceuk urang mah kasidahan sarta nabi teu ngalarangna.

Dumasar kana eta kejadian aya sababaraha ulama anu ngamenangkeun nasyid atawa nyanyian.

Jadi numutkeun simkuring mah dua-duana baroga dalil. Kua ayana kitu teu hade mun masing-,asing ngalecehkaeun anu liana. siga beda pendapat dina masalah fiqih. Teu hade urang NU misalna ngejek ka urang Muhamdiyah atawa persis pedah ibadahna beda.

Salami aya dalilna keun we antep.

Atuh kango cecekelan urang kumaha ? Cokot wae anu paling nentremken hate dina katerangannan atanapi anu paling kuat dina dalilna.

Cing kira-kira mana anu paling kuat ????

Atanapi dua-duana bisa diamalkeun kuurang. Etamah langkung sae.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke