|
Hatur nuhun
pisan MJ kana bantosanna … Mudah-mudahan ieu pabukon ngarupakeun awal keur pabukon di
wewengkon pakidulan Ciamis. Baheula aya
penerbit Rahmat Cijulang, deukeut ti Cigugur ka Cijulang
ngan ukur 10 kilometeran, ngan geuningan hese bukuna nepi ka Cigugur. Kamari ieu pernah rame aya
kahayang nyieun Kabupaten Ciamis Kidul cenah, da
geuning ti baheula pangwangunan ka Ciamis kidul mah
rada hese, teu siga ka Ciamis
kaler, di jalan oge sigana
leuwih resepeun munding tibatan mobil … Ka baraya, pami
ameng ka Pangandaran, mangga dihaturanan linggih ka rorompok, naek beus jurusan
ka Cigugur, sebatkeun wae bade ka Pak Oo anu sok moto,
tos teu bireuk
deui ..
maklum sakacamatan
mung hiji-hijina tukang photo heubeul .. he .. he .. promosi sakedik. Heup ah …. Punten jadi sabalangbentor. Baktos, Budhi Kurono Kopo
241 -----Original
Message----- Kamari
enjing2 dua kardus buku (236 jilid) dikintun kana 4848 |

