kang MJ,
Nyuhunkeun judul lengkapna novel teh sareng nami penerbitna, susuganan
tiasa pesen di perpustakaan di dieu.
nuhun,
Yuni
mj wrote:
tadi teh miwarang indungna budak pangangteurkeun dua kardus buku ka 4848
sina pangirimkeun ka Sindangbarang Cianjur. bieu aya sms, 4848 teu aya
paket/jurusan cianjur. tadina mah make 4848 teh pedah nu US. tapi teu
acan
kumplit jurusanana. ke enjing ka pos atawa tiki.
calon pasaka di kec. Sindangbarang pesenan Apih Siddik Seoul Korkid.
Pasaka Bogor-cep Runa.
tos aya dua kardus, ngan kardusna letoy teuing. ke urang milari heula
kardusna nu weweg.
Banjar
nuhun ka kang Bowie nu tos ngintun deui kencleng bin infaq kanggo
nambihan
koleksi pabukon Banjar. rencana mah bade ka Banjar I keun, pedah nu ieu
nu
ngawitan pisan (proyek perintis istilah gayana mah). buku2na sadayana
urut.
urut maca maksudna mah, teu aya nu weuteuh harita teh da kencleng masih
teu acan aya. barudak tos jarang cenah, da buku2na teu nambih.
tapi bade dipaluruh heula. upami saribuk teuing nu ngurusna, nya urang
ka
banjar II keun.
mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] (pasaka) pabukon cianjur II + bogor Yuniati Azzaino
-