Pami barade hayu etang2 urang KOPDAR KUSnet pasa acara seren taun.
Diantos ah..
Saha anu bade Ngiring >???
On 1/6/06, hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan baraya sadaya,Teu karaos taun 2005 parantos ngantunkeun urang, kiwari urang aya dina taun 2006. Seueur pisan kagiatan-kagiatan nu parantos dilakonan di taun nu kalangkung, utamina ku masarakat anu masih mikukuh kana adat budaya tradisina. Mung hanjakalna seueur kagiatan-kagiatan eta nu di babaraha wewengkon mah teu 'ka-ekspos' (teu kacaturkeun), sangkan luput tina perhatosan urang sarerea.Kitu oge di awal taun 2006 ieu, parantos aya babaraha wewengkon baris ngayakeun kagiatan adat budaya tradisi-na anu memang tiap taunna oge tos lumangsung di ieu tempat.Anu pangpayunna nyaeta wewengkon Cigugur, Kuningan, baris midangkeun upacara seren taun dina ping 20 - 22 Januari 2006. Dituluykeun ku kampung budaya Sindangbarang, Ciapus, Bogor dina ping 4 - 5 Pebruari 2006. Salajengna kampung budaya Girijaya, Cicurug, Sukabumi dina ping 16 - 17 Pebruari 2006. Di dua wewengkon terakhir ieu oge bade midangkeun upacara seren taun.Dina sasih April 2006, giliran seren taun di Kampung Urug jeung Kampung Malasari, Cigudeg Bogor. Biasana di ieu tempat mung benten sa-dinten dina ngarayakeunana.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

