Perkawis "ramalan" ka payun naon anu baris kajadian di dunya ieu, ceuk hiji riwayat, parantos didugikeun sadayana ku Kangjeng Nabi Muhammad saw ngalangkungan Syaidina Ali kw, terus ka para muridna tug nepi ka jaman kiwari ngalangkungan ulama-ulama anu neruskeunana. Kanggo informasi ieu, Kang Zam rupina langkung uninga. Sapalih tina "ramalan-ramalan" eta ti payun kantos didugikeun ku Kang Zam nalika ngomentaran kajadian tsunami Aceh.
Leres, dina Al Qur'an sadayana tos aya pituduhna. Anu urang teu paham, konci-konci (mafaatih) pikeun muka eta informasi. Sakumaha katerangan dina salah sahiji ayat anu ngandung kecap "mafaatih", tong boroning kajadian anu gede, dalah ragragna hiji daun tina tangkalna geus kacatet ku Al Qur'an.
Salah sahiji ramalan dina surah Al Isro (Bani Isroil), hiji bangsa anu salah sahiji golongan tina bangsa ieu boga laku anti ras atawa jumawa pisan dina ieu kahirupan, baris dielehkeun dua kali. Anu sakali geus kajadian, nalika perang Khaibar, sakali deui arek kajadian. Kitu nuturkeun hiji katerangan. Wallohu a'lamu bi ashowab.
baktos,
manAR
On 1/6/06, Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum,Saleresna sadayana aya dina Al-Quran kang.....abdi mah panasaran pisan hoyong tiasa terang naon eusi Al-Quran. Namung geuning katungkulkeun ku neangan dunya wae.He..he.....Abdi nuju ngahanca "Bible Code -- Michael Drosnik" buku gaduhna rerencangan(Katholik), kamari debat, ngobrol ketah ngeunaan Da Vinci tea, eh ku manehna abdi di sodoran buku eta. Nya ku abdi di baca, teu acan rengse. Eusina ngeunaan "bible" anu disandikeun kana tulisan Ibrani.Eusina, ngeunaan kajadian ageung anu bakal "terjadi" di dunya anu di analisa ku komputer, ahli Matematika Elps....... Diantarana Pembunuhan Yitzhak Rabin, Harmageddon,Perang Nuklir, Akhir zaman, Pemilihan Netanyahu, Buku yang tersegel (duka naon tah ieu....buku nu mana), tabrakan Shoemaker-levy sareng planet Yupiter tea. Malah ayana komputer ge geus diramalakeun.Memang sadayana kajadian nyata.Tapi abdi janten teu ngatos sabab teu gaduh dasar komo dina bhs Ibrani. Oge nu teu ngartos kanggo abdi, naha Injil teh seuseueurna ngabahas Israel? Naon hubunganana? Naha teu ngabahas kaum sorangan (Nasrani)?Sareng anu teu ngartos abdi bukuna teu entep seureuh, tidak sistematis. Janten lieur.Abdi ngabayangkeun pasti dina Al-Quran leuwih lengkep. Ah, Sapanjang abdi ngaos eta buku kagambarkeun komo dina Al-quran leuwih rongkah leuwih lengkep. Naha hiji waktos urang tiasa muka lalangse yen Al-Quran teh pitunjuk kanggo sagalana, komo science. Abdi resep upami ngartikeun Al-quran sabab benten jalmi benten arti tafsirna. Cenah Kalimat Al-Quran teh ibarat batu inten(permata) anu pasagi upami ditilik di sakabeh sisi bakal mancarkeun cahayana ka sagala arah. Subahanallah...........Tah tugas urang kanggo milarian " Al-Quran Code - karangan Kusnet" .Tapi kedah pinter Basa Arab heula nya!!!!! abdi daek ka Arab diajar basa Arab mung aya sponsorna teu?? Boro-boro bisa basa Arab ngaji ge alif ba tsa keneh.Sakitu nu kapihatur....Dede Sahman
Otong Suhendar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Ti milis sabelah, punten henteu di terjemahkn...
manawi katampi...
> SUBHANALLAH,ALLAHU AKBAR,LAILAHAILLAHALLAH
Semoga bermanfaat
> Kemarin aku cukup ter cengang mendapat email dari rekan yang mengatakan
> bahwa tragedi WTC ternyata sudah dituturkan Allah dalam Qs. At Taubah
> :109...
> 109. Maka apakah orang-orang yang mendirikan bangunannya di atas dasar
> taqwa kepada Allah dan keridhaan-(Nya) itu yang baik, ataukah orang-orang
Website :
http://jatigede.bravehost.com/Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

