Ieu tulisan -- siga sawatara pangacaprukan kuring lianna -- dijieun geus rada lawas, basa Kompas muat iklan laporan keuangan LBH. Dialunkeun ayeuna teh, sugan bae ngalengkepan tulisan Kang Oman ngeunaan hal nu sarua: LSM. Mugia kahontal.
 
MGT
=============================================================
 
Transparansi jeung Akuntabilitas LSM
 
Ieu tulisan lain rek "nyerang" LSM. Komo, mangrupa "serangan balik kana gerakan anti korupsi" mah. Ieu mah, saperti biasa, saukur ngacapruk bae. Kutrat-kotret bari nungguan jemputan. Sugan bae aya mangpaatna. Kitu ge teuing nepi, teuing moal, kana eta jejer nu kawilang "gagah" teh. Ma'lum, da ngacapruk tea.
 
Ari mimitina mah aya batur. Cenah, manehna jadi konsultan (bisnis jeung keuangan) di hiji LSM nu udagannana ningkatkeun kahirupan patani kalapa. Keur ngabeayaan eta LSM, manehna nyieun deui LSM lain, mangrupa yayasan, nu tugasna nampung jeung neangan dana. Kituna mah pantes, mun manehna boga akses ka nu boga duit (jeung dipercaya) teh. Lila di luar nagri, sakalina gawe teu weleh di bank asing.  "Yayasan ieu mah teu ngan ukur ngagugulung kalapa. Kagiatan naon ge bisa, kaasup ngabiayaan kagiatan seni jeung budaya. Ngan, saheulaanan, salaku pilot project  LSM Kalapa eta," ceuk manehna.
Ari nu jadi titincakan manehna nyieun eta yayasan taya lian ti panyakit nu masih keneh mahabu di urang: Korupsi. Ieu panyakit teh, ceuk manehna, lain bae nalikung lingkungan pamarentahan atawa penyelenggara negara. Tapi, oge masarakat. Kaasup kalangan LSM, nu sakedapan mah nyitrakeun diri -- malah asbabun nujul-na ge harib-harib ka -- anti korupsi.  )Ceuk manehna keneh, ku alatan panyakit ieu, dana bantuan tsunami saalam dunya, nu 70% di antarana diancokeun keur Indonesia,  rada seuseut  turunna. "Nu geus turun, ku taksiran urang, teu nepi ka 30% tina MOU," ceuk eta batur. Nagara atawa lembaga donor rada merod nohonan naon nu baheula geus disanggupan ku manehna. Lain embung. Tapi, sieun eta dana atawa bantuan teh teu nepi ka jinisna. Da dicoceng, dikorupsi, ku nu nepikeunnana -- boh LSM, boh lembaga pamarentah. Antukna, lembaga-lembaga eta teh ati-ati dina ngucurkeun komitmenna.
Tah, kasieun siga kitu oge nu nyampak dina dana-dana nu diajangkeun ku lembaga-lembaga donor di luar konteks tsunami. Dana bantuan keur Indonesia teh, paling heunteu: nu bisa dipenta keur kapentingan Indonesia, cenah, pabalatak. Bari teu bisa dilakonan ku cara G to G.  Da hayang "civil society" tea, bari "rada-rada" teu percaya ka pamarentah. "Jumlahna, itung bae: Mun tiap lembaga mere bantuan, tong loba-loba, US$ 100 rebu we sataun. Kalikeun saratus lembaga bae, aya kana US$ 10 yuta-na!," ceuk eta batur. Jumlah nu teu pamohalan. Utamana, mun urang ngadenge yen dana sosial Gates Fondations bae leuwih gede manan anggaran WHO. Encan sarupaning Soros, Ford, Prins Benhard, Prins Gantra, jeung nu lianna.
Tapi, nya kitu. Eta dana teh teu bisa maksimal dimangpaatkeun. Da aya handycap nu ngaranna korupsi tea. "Utamana korupsi di kalangan LSM," ceuk manehna, teugeug. Nepi ka, imej LSM sorangan jadi goreng. Dianggap ngan tukang nyieunan proposal, bari geus meunang duit, tapi euweuh prakna. Atawa, nu paling ngenes kana ati: Tukang ngajualan jalma miskin!
"Analisis" eta batur teu nyalahan. Paling heunteu, lain pamanggih anyar. Baheula, keur mahasiswa keneh, sawatara batur nu aktif di LSM pating harewos ngeunaan "mafia LSM". Nu dituding jadi mafiana, taya lian ti Adi Sasono jeung pupuhu LSM Dian Desa harita. Cenah, ceuk babaturan aktivis LSM tea, Adi Sasono jeung Dian Desa lain bae ngamonopoli sumber-sumber pendanaan ti luar. Tapi, oge teu transaparan dina perkara dana. Ku alatan teu transparan eta, tadi batur nyebut yen dua inohong LSM tadi ngorupsi dana.
Tangtu bae, tudingan eta batur teh rada gagabah. Teu transparan, dina harti teu nyebutkeun sabaraha, ti mana, jeung ka mana, can tangtu nyalikong atawa korupsi. Bisa bae maranehna teu transparan teh ka eta batur. Tapi ka nu mere duit mah, boa-boa, tiap menit mere laporanna teh. Malah, boa-boa manehna nyebut "korupsi" teh pedah teu boga akses bae ka si sumber dana. Wallohualam.
Nu pasti, tuduhan yen LSM teu amanah teh terus aya. Contona, kadieunakeun, perkara korupsi nu dituduhkeun ka LSM teh mucunghul deui. Utamana geus deukeut ka Soeharto lengser. (Atawa geus lengser pisan, kitu? Poho deui). Majalah tempat gawe kuring harita kungsi nulis ngeunaan LSM-LSM papan nama. LSM nu meunang dana, tapi euweuh kagiatannana. Di Solo, nu jadi contoh harita, aya nepi ka ratusna LSM model kitu (atawa nu dituding model kitu) teh.
Sabenerna mah, mun ku urang dititenan, LSM papan nama kitu teh (sigana) lain di Solo bae. Tapi, di mana mendi. Enya, pan, bareng jeung hiliwirna angin reformasi, masarakat urang siga asa aya nu kurang mun teu nyieun LSM teh. Geus puguh ari mahasiswa mah. Ka, tukang-tukang cukur, ceuk paribasana, teu ku hanteu nyieun LSM. Tangtu bae aya nu baleg, bener-bener LSM, aya oge ngan sakadar LLSM-an. Ngan sakadar hayang gaya, jeung ...ngamangpaatkeun "dana pembinaan" ti pemda atawa hibah ti lembaga donor.
Tah, mun teu salah inget, eta tulisan panjang teh jadi cover story. Dirarangken ku kasus-kasus "korupsi LSM" lianna, kaasup perkara asal-usul dana LSM, jeung kumaha sawatara LSM ngokolakeun eta dana. Mun teu salah deui bae, kasus nu disabit-sabit teh kaasup kasus nu kungsi tumiba ka KIPP. Harita, Mulyana W.Kusumah, nu jadi salah saurang pangurus KIPP, dituduh teu bisa mempertanggungjawabkeun duit nu "dicekel" ku manehna. Ngan, teuing kumaha, siga nu lianna, isu ngeunaan duit KIPP eta teh pareum. Sigana mah, kalangan LSM sorangan mareuman eta isu. Solidaritas, bari -- meureun -- sieun meulit ka LSM lianna. Wallohualam deui bae.
Leuwih beh dieu,  aktivis LSM nu dituduh nyalikong duit teh Irma Hutabarat. Pajar teh, Irma nyelewengkeun dana penanggulangan banjir sakitu miliar. Siga dina kasus KIPP jeung kasus-kasus lianna, tudingan ieu teu nepi unggah bale watangan. Eureun ku penjelasan  Irma ka Sutiyoso. Sanajan, beda jeung KIPP atawa nu lianna, duit nu ditudingkeun ka Irma teh duit nagara. Duit Pemda DKI. 
Paling beh dieu, nu diwartakeun ngorupsi duit LSM teh barudak AJI, si Lukas Cs. Deui-deui teu manjang "carita"-na. Wasalam ku katerangan si Lukas Cs.  
Eta sawatara conto nu kungsi muncul di media. Sanajan, aya deui modus korupsi lian nu dilakukeun ku LSM: Meres pengusaha jeung pejabat. Enya, meres. Eta bae, kamari, basa rek HBH Kusnet, di Lembang, kuring nyimpang ka babaturan nu jadi kontraktor. Ditanya keur boga gawe naon teh, manehna karah ka humandeuar. "Susah, Kang, ayeuna mah. Loba teuing bebegigna. Ti mimiti pejabat, LSM, jeung punten bae: wartawan. Kabeh menta bagean. Menta uang preman!," ceuk manehna.  
Caritaan eta batur teh teu aneh. Ti Purwakarta keneh kuring geus "ngambeu" "data" siga kitu. Enya, waktu ulin ka  kantor perwakilan hiji koran, kabeneran keur ngarumpul. Salah saurangna, nya aktivis LSM. "Ah, abdi mah kieu we. Kerjasama sareng pers," ceuk eta aktivis. "Aya nu nyeleweng, sikat," tambah manehna. Nu dimaksud "kerjasama" jeung "sikat" teh kuring geus surti: Meres. Manehna silih bantuan dina ngumpulkeun data jeung wartawan, terus ditulis dina koran. Sakapeung, manehna ngerahkeun massa. Ambeh leuwih katingal enya. Udagannana lain sangkan masalah jadi bener. Tapi, nya "uang preman" tea.
Tangtu bae teu kabeh LSM, oge wartawan, korup siga kitu. Ngan, mun urang percaya kana omongan babaturan nu ilubiung dina LSM Kalapa tea, nu polahna siga kitu kaitung loba. LSM nu ngan saukur neangan duit, lain memener nu salah, atawa ngabantu jalma leutik luyu jeung paniatannana.
Balik deui kana jejer tulisan, lain maksud kuring nyaram aktivis LSM -- oge wartawan -- neangan duit. Pan, maranehna ge sarua dalahar keneh. Butuh kejo, butuh sapatu, perlu HP, butuh ngafe. Ngan kudu puguh aturannana. Malah, munasabah pisan, siga pejabat nagara, atawa wartawan, oge guru,  maranehna meunang gajih nu gede. Ngahaja make istilah gede, lain "cukup". Ambeh teges. Lain nanaon. Ambeh maranehna tonggoy kana pagaweannana atawa tugasna. Teu kaganggu ku duit nu lain hakna, nu sakapeung teu sabaraha.
Matak, reugreug oge ngadenge gajih hiji babaturan nu jadi pupuhu hiji LSM nepi ka puluhan yuta. Kabuktian, manehna mah galak teh bener-bener galak. Lain ngarah "uang preman". Komo, komisi atawa sarupaning kick back mah.
Lian ti kitu, hade pisan mun hiji LSM ngalaporkeun keuangannana tiap taun. Siga nu katingal dina Kompas poe ieu. Enya laporan keuangan LBH. Sanajan teu kabeh masarakat bisa maca neraca pembukuan siga kitu, paling heunteu, ceuk kuring, asas transparansi jeung akuntabilitas geus kahontal. Pan dina laporan eta ge disebutkeun ti mana maranehna meunang duit, jeung dipake naon bae. Leuwih alus deui mun maranehna oge bisa ngebrehkeun sarupaning gajih pangurus-pangurusna. Supaya ulah aya fitnah jeung suudzon. Saha nu nyaho manehna geus beunghar ti buyutna keneh? Ayeuna, saprak gawe di LSM, make Terrano? Nya, munasabah bae. Ku ngembrakkeun gajih pangurus, oge, urang bisa ngira-ngira naha pantes heunteu gajih maranehna "sakitu"  -- bari anggaran keur kagiatan utamana ngan "sakieu"?
Tapi, pan teu kabeh LSM boga sumber pendanaan nu hade siga LBH, Walhi, Kehati, atawa 68H? Teu saeutik nu ngan ngandelkeun "uang pembinaan" ti pemda. Tah, husus keur LSM "gurem" siga kieu, naon salahna nyieun unit usaha.  Maenya aktivis bisnis? Eh, manan meres? 
Enya ari alusna mah, idealna, LSM -- siga wartawan -- tonggoy bae jadi "watch dog". Tapi, mun can kaduga jadi LSM "papan atas" mah, ceuk kuring, naon salahna oge baroga "sayap bisnis".  Kituna ge bari cara jeung  lokasi usahana teh diteangan, nu teu matak paketrok kapentingan. Urang aktif dina widang lingkungan di Ciamis, nya ulah bisnis binih pepelakan -- komo jadi makelar tanah mah. Nya muka jaringan warnet atuh? (etah, si kasebelan, geus kanu warnet deui bae. Na, mani siga nu obsesif kitu, nya?). Jeung tong di Ciamis deuih muka usahana teh. Di Serang atawa di Lampung, sugan. 
Intina mah tong nepi pakojot bae: Ongkoh pupuhu LSM, oge direktur PT Anu. Poe ieu  direktur, mangsa teu boga order pupuhu LSM -- nu mingpin demo ngeunaan masalah nu pakait jeung bisnisna. Sigana, cukup ngan jadi pemegang saham bae. Bisnis mah serahkeun bae ka batur nu bisa dipercaya. 
Eh, justru jadi aktivis teh ku alatan teu boga gawe atawa teu boga modal? Wah, mun kieu alesannana, nya kuring ge teu bisa ngacaprukna. Paling ge nyarankeun tong jadi aktiivis bae.  Mending ngilu pilihan lurah sakalian. Sarua mulya jeung barokahna, ari baleg mah. Paling heunteu, gajihna geus jelas: Beas hasil sawah desa.  
Ngeunaan modus sayap usaha tadi, sakanyaho kuring, kungsi dilakukeun ku LBH (Jakarta) sorangan.  Paling heunteu waktu  dipupuhuan ku Nursjahbani Katjasungkana. Harita maranehna boga kantor lawyer nu sipatna komersial, di wewengkon Blok M. Sanajan eta kantor pengacara nu "komersil" teh teu bisa disebut organ resmi LBH, tapi nya sawatara lawyer LBH "garawe" oge di eta kantor. 
Alesannana, dina seuhseuhannana teu sakabeh nu datang ka LBH jalma miskin, lapisan masarakat nu jadi target utama kagiatan LBH. Oge, nya keur ngahangkeutkeun karaharjaan pagawe-pagawe LBH sorangan. Ongkoh, harita "dana pembinaan" (bantuan) ti Pemda DKI dikurangan. Beda jeung  Ali Sadikin, nu ngabeayaan eta lembaga teh sangkan maranehna bener-benar galak, paling heunteu jadi partner kritis pemda; pamarentahan nu kadieunakeun mah siga nu sabalikna. Pan, nepi kiwari:  Kacirina, pamarentah mere "dana pembinaan" teh sangkan bisa patingkiceup jeung LSM -- teu beda jeung "kadeudeuh" nu jadi jatah sawatara wartawan ti humas-humas pamarentahan -- nu bisa ti kelebuh kana korupsi berjamaah tea.
Mungkas ieu pangacaprukan, kuring rek ngajak nabeuh maneh. Tadi mah Pa Ali nu dijadikeun conto pamarentah nu hade teh. Ieu mah ngeunaan transparansi LSM tea. Tah, dina hal ieu urang, urang Sunda, kudu bangga. Utamana, mun Yayasan Rancage ku urang rek dianggap LSM. Ari banggana, pedah, baheula, panitia KIBS, nu diluluguan ku Yayasan Rancage, oge ngalaporkeun keuangannana dina laporan kagiatannana. Teuing pedah di dinya aya Pa Erry (Riyana Hardjapamekas), Wakil Ketua KPK, salah sahiji inohong nu kungsi dileler Hadiah Hatta, nu oge kungsi dijagokeun waktu kalangan budayawan neangan jalma nu pantes keur ngurus Yayasan Kesenian Jakarta? Teuing nurutan MJ nu teu weleh ngalaporkeun keuangan Yayasan Perceka? Teuing. 
Naon bae alatannana, nu pasti, transaparansi jiga kitu teh bisa nambah kapercayaan jalma loba ka hiji lembaga nu ngokolakeun duit publik. Cag, ah! Nu ngajemput geus datang, euy!


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke