Haturan baraya sadaya,
Teu karaos taun 2005 parantos ngantunkeun urang, kiwari urang aya
dina taun 2006. Seueur pisan kagiatan-kagiatan nu parantos
dilakonan di taun nu kalangkung, utamina ku masarakat anu masih mikukuh
kana adat budaya tradisina. Mung hanjakalna seueur
kagiatan-kagiatan eta nu di babaraha wewengkon mah teu 'ka-ekspos' (teu
kacaturkeun), sangkan luput tina perhatosan urang sarerea.
Kitu oge di awal taun 2006 ieu, parantos aya babaraha wewengkon
baris ngayakeun kagiatan adat budaya tradisi-na anu memang tiap taunna
oge tos lumangsung di ieu tempat.
Anu pangpayunna nyaeta wewengkon Cigugur, Kuningan, baris
midangkeun upacara seren taun dina ping 20 - 22 Januari 2006.
Dituluykeun ku kampung budaya Sindangbarang, Ciapus, Bogor dina ping 4 -
5 Pebruari 2006. Salajengna kampung budaya Girijaya, Cicurug,
Sukabumi dina ping 16 - 17 Pebruari 2006. Di dua wewengkon
terakhir ieu oge bade midangkeun upacara seren taun.
Dina sasih April 2006, giliran seren taun di Kampung Urug jeung
Kampung Malasari, Cigudeg Bogor. Biasana di ieu tempat mung benten
sa-dinten dina ngarayakeunana.