Kamari sim kuring mendakan ramatloka sajarah Bogor, http://pasundan.homestead.com/files/Sejarah/sejarahframe.htm . Di dinya aya sakedik wawaran ngeunaan kondisi basa tilemna Pajajaran.
Teras model pamarentahan pas Karajaan Sunda - Pajajaran diwawarkeun ku Prof. Edi S. Ekadjati dina http://mangle-online.com/view.php?id=030907231518&klasifikasi=Bahasan
Wassalaam,
-Dian-
On 06/01/06, mj <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:
pamarentahan baheula Tatar Sunda
sanggeus karajaan pajajaran runtag (cenah alatan dikoroyok ku
kasultanan/karajaan Cirebon jeung Banten-sigana mah sabangsaning perang
sodara, sekitar abad 15), pamarentahan jadi euweuh nu sipatna pusat siga
pajajaran. kabeh oge ngan nepi ka tingkat siga kabupaten. ngan banten nu
kaitung gede (nepi ka ayeuna jadi provinsi, ti sasakala harita). cirebon
mah duka, naha harita nguasa kuningan, indramayu jeung majalengka atawa
henteu.
kepalana, Adipati tea. kabeh ngaraku masih keneh turunan -seuweu-siwi-
Pajajaran, utamana Prabu Siliwangi. ukuran karajaan skala kabupaten kitu
terus dijadikan model pamarentahan daerah nepi ka kiwari. basa jaman
walanda ditambah karesidenan, nu ngawengku sababaraha kabupaten. siga
priangan timur, kungsi karesiden ngabawahkeun garut tasik ciamis.
dina Cupumanik Januari ayeuna (sasih payun cenah naek pangaosna, ti 4000
jadi 6000), dina seratan kang Ajip Rosidi, aya carita yen diantara seler
bangsa, US panglilana dijajah. hag siah.
umumna, seler bangsa indonesia sejenna, dijajah teh ku pausahaan dagang
walanda (VOC eta pausahaan dagang, haha. dijajah ku pausahaan!) terus ku
pamarentah belanda (VOC bangkrut, hindia belanda diambilalih ku karajaan
walanda) terus jepang.
tah, tatar sunda (TS) jeung urang sunda (US) mah samemehna ku mataram heula.
cenah mah, samameh Sultan Agung nyerang VOC Batavia, ngontrog heula
wilayah2 nu aya sabudeureun batavia, nya jajalaneun ka batavia meureun.
tangtuna we eleh perang jeung mataram teh, da meureun teu fokus kana
pertahanan. ongkoh karajaan leutik jaman harita mah meureun siga hiji
lembur we kitu. beda jeung di eropa nu karatonna badag, kastil, jeung
sajabana. sigana di urang mah can usum make tembok. karaton kasultanan
banten geus make tembok, aya keneh urutna. diancurkeun ku walanda.
karajaan2 leutik-kelas kabupaten nu aya di TS (jawa barat ayeuna sigana)
angger aya, ngan unggal taun kudu mayar upeti jeung adipatina kudu ka
mataram genep bulan tiap taun. cenah mah pikeun panataran. baralikna ka ts
teh marawa adat suradat cara mataram kaasup undak-usuk basa. kitu deui
basa dikuasa ku walanda. adipati terus disebut bupati teh angger
dijaradikeun 'raja lokal' di wilayahna. matak teu heran bupati jaman
harita mah turun tumurun. sabab model kakuasaanana siga karajaan.
inti carita ieu, eta, memeh dikuasai batur, sihoreng unggal kabupaten di
urang mah sabenerna mah mandiri. mangrupa hiji wilayah nu boga
adipati/raja skala leutik. tapi model eta teh masih keneh sok dipake
jaman kiwari, siga efek samping OTDA teh cenah nyiptakeun raja2 leutik.
siga model baheula meureun.
mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

