Wa'alaikum salam,
Manawi teh Poppy na Kang Kumi.. ehh.. itumah Pupi nya..
Wiluejng ngariung Teh Poppy, mangga ateuh sok geura ngariung... tong noongan wae bilih turuiseun..heuheuheu....
mangga urang sami sami diajar, tong salempang bakalan seueur anu ngabimbing di lembur mah, lepat aya anu ngalereskeun, pokoknamah urang diajar sasarengan.
bilih bade ningal foto fotomah  mangga wae toongan di www.urang-sunda.or.id manawi di yahoogroupsna langsung
 
Ayeuna teh Poppy teh linggih dimana? didieu aya oge anu namina Poppy mung damel di PT. AMC Lobam. saurna kawit ti Cimahi atap Ciamis nya.. pokona mah anu pasti sanes tina Cikopi.. hehehee..
sakantenan bade nepangkeun, sanaos tos uninga oge panginten.. wasta sim kuring pamasihan ti sepuh teh Cecep Wahyu, di keluarga sareng di [EMAIL PROTECTED] mah katelah kang Ule, kawit ti Bandung ( Cicadas ) ayeuna damel di KIB Lobam P. Bintan tos bade 6 tahun. status?? Alhamdulillah tos janten Ayah ti hiji anak awewe yuswa 1thn 11bulan, sareng oge janten salaki ti isteri ( anu nembe ) hiji oge... heheee...
 
mangga ah lajengkeun...
 
Salam pangwanoh
Çéçép Wahyu
-----Original Message-----
From: popi maniez [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, January 09, 2006 9:48 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Neupangkeun

Assalamualaikum....
 
Neupangkeun abdi poppy, nyuswa 27 taun, asli urang bandung, tos lami ngiring macaan email urang sunda teh seru pisan....
 
poppy hoyong ngobrol sareng teteh2na nya akang2na oge, tapi punteun bilih aya nu leupat di serat sundana poppy hoyong di ajar deui basa sunda.
 
ari poppy hoyong ningalian foto2 teteh2 sareng akang2 kumaha nya????
 
wasalam 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke