Waalaikumsalam Wr. Wb.
Mangga teh sae pisan pami bade ngiring mah, teteh tias kontak kang 
hendra ([EMAIL PROTECTED]), kang Yayan 
([EMAIL PROTECTED]), atanapi abdi oge tiasa (0818109410).

Nepangkeun oge atuh nya abdi oge, Abdi Runa Inawan kaleresa nuju 
kakalayaban milarian anu herang2 di Bogor teh.he.....he....

Perkawis KOPDAr anu bade enggal pisan mah di Dago Tea House tea di 
Bandung kaping 15 Januari 2006 tabuh 10.00 WIB dugi ka rengsena. 
Mangga kantun daftar wae ka kang boim ([EMAIL PROTECTED]), haratis 
saurna mah.

Upami KOpdar anu sakantenan dina acara Seren taun di Sindang Barang 
Bogor, insya Alloh dina waktos acara seren taun na teh, waragadna 
urang sasarengan wae panginten,he.....he...
Engkin dina waktos insya Alloh dibewarakeun deui.

Hatur nuhn, mangga teh sing genang calikna nya, insya Alloh moal aya 
tumbila sareng sieur he...he..
Pokoknamah higienis lah bebas formalin sareng bebas antraks, he..he..

--- In [email protected], Evy Bubu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum Wr. Wb
>    
>   Abdi bade ngiringan ah...., sakanteunan nepangkeun anjeun 
ah...., abdi Evy...., sok disauran ku pun biang mah Neng Iceus 
cenah, panginteun kapungkur basa brol aya hareupan ti sepuh supados 
rancingeus..., ta duka janteuna kieu we...., reseplah lebet kadieu 
teh meuni rame...., punten ka Akang..., Aceuk.., bilih basa sundana 
lepat atanapi kirang dina tena tempatna, hoyong bantosanana supados 
dileureskeun..., Perkawis kop dar kusnet..., hoyong dijentrekeun..., 
tempat, waktos sareung waragadna...,  da urang teh...., ngopi2 mah 
sunah sanes...., bilih kedah saum..., he..he.., hatur nuhun
> 
>    
>   baktosna, Neng Iceus...]
>   
> Soni Abunawas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>       ....hoyong ngiring,,,tapi ti Tangerang aya rencang 
teu......nya....
>     -----Original Message-----
> From: Runa Inawan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Friday, January 06, 2006 8:55 PM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] Agenda Kagiatan Budaya Adat/Tradisi 
Taun 2006: Saha anu Bde ngiring??
> 
> 
> tah baraya kinten2na saha anu bade ngiringan kagiatan seren taun 
ieu terutamai anu di Bogor.
> Pami barade hayu etang2 urang KOPDAR KUSnet pasa acara seren taun.
> Diantos ah..
> Saha anu bade Ngiring >???
> 
>   On 1/6/06, hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     
>    
>   Anu pangpayunna nyaeta wewengkon Cigugur, Kuningan, baris 
midangkeun upacara seren taun dina ping 20 - 22 Januari 2006.  
Dituluykeun ku kampung budaya Sindangbarang, Ciapus, Bogor dina ping 
4 - 5 Pebruari 2006.  Salajengna kampung budaya Girijaya, Cicurug, 
Sukabumi dina ping 16 - 17 Pebruari 2006.  Di dua wewengkon terakhir 
ieu oge bade midangkeun upacara seren taun.
>    
>   Dina sasih April 2006, giliran seren taun di Kampung Urug jeung 
Kampung Malasari, Cigudeg Bogor.  Biasana di ieu tempat mung benten 
sa-dinten dina ngarayakeunana.
> 







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke