Upama nitenan kanyataan sosial ayeuna, rada kaharti upama kecap "za fa xa qa kha sya" teu aya dina aksara Sunda kuna. Alesanana, sering jadi gunem catur, yen urang Sunda (kaasup kuring tangtuna oge) seueur nu sesah ngabedakeun ngucapkeun kecap nu make aksara "f", "v" jeung "p". Kitu deui pikeun kecap nu make aksara "x" jeung "z".
 
Kulantaran kitu, bisa jadi aksara Sunda kuna nu ceuk cenah buyut moyangna tina aksara Brahmi ti India teh tos ngalangkungan proses asimilasi sarta lokalisasi ku para karuhun Sunda.
 
Salam,
MH

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ceuk dina buku nu ngadadarkeun ngeunaan aksara Sunda (boh nu lila nu sabagianana kungsi dipostingkeun ka milis, anu dipake citakan aksarana Kang Dian, boh dina buku anyar, medal basa KBS di Subang tengah taun kamari), aksara za fa xa qa kha sya teh mangrupa panglengkep, teu aya dina aksara Sunda kuna, sangkan ejahan nu asalna ti basa deungeun bisa ditulis dina aksara Sunda.

isk

On 1/10/06, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Panginten sora-sora anu ditambihkeun dina Sunda Baku (za fa xa qa kha sya) tos aya dina Sunda Kuna... Kumaha numutkeun nu langkung ahli?

On 10/01/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Dina aksara sunda aya tambahan nu dikurungan [qa], [za], [fa], [va], [xa], [kha] jeung [sya]. Duka naon anu jadi tinimbanganan dina aksara Sunda make kedah ditambahan konsonan anyar. Naha pikeun sasadiaan nyerep kecap basa deungeun, wallahualam. Manawi aya baraya nu apal?



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
Photo Books. You design it and we’ll bind it!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke