Hatur nuhun pamendakna kanggo field status, tos aya nu ngusulkeun oge sapertos kitu.
Perkawis field panghasilan mah ieu usul ti Kang Soni Rosa pedah data Baraya US teh satiasa ngalingkup sagala widang, nya lebet data ekonomi tea. Abdi satuju pisan kana eta pamadegan, keun we tong isin2 ieu mah eunteung kanggo urang Sunda sadayana, potret urang Sunda nu tiasa Internet-an teh sapertos kumaha, niatna mah supados silih tulungan tea sanes kanggo silih ngomongkeun kasenang jeung kasusah batur. Sugan data ieu aya manfaatna. Insya Alloh ke dilereskeun mung abdi ngantosan database kusnet di Kang Eko kanggo nyesuaikeun field2na, mudah2an Kang Eko enggal ngaresponse. Salam, -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of ar3andi Sent: Wednesday, January 11, 2006 1:50 AM To: [email protected] Subject: Data Status sareng Penghasilan [Urang Sunda] Re: data baraya US Kahatur sadayana baraya Pamendak sakedik ti abdi ngeunaan format data base Kusnet 1. Status disederhanakeun cekap ku kulawargi/lelengohan 2. Penghasilan: kumaha upami teu kedah dipidangkeun, kumargi pan ari penghasilan mah sapertos anggoan lebet,.... upami tos kurenan mah pan anu kenging terang teh mung caroge atanapi garwa,...asana upami anggoan lebet aya kerodan na atanapi aya tambalan na atanapi warna na kembang2 pan ulah dugi ka katingal ku balarea. Mangga nyanggakeun kumaha pamendak baraya anu sanesna Hatur nuhun Baktosna Andi --- In [email protected], "ato.riyanto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > 17. Status (Kulawargi/bujang/parawan/janda/duda) > 18. Hobbi > 19. Penghasilan sasasih rata2 (<1jt, antara 1 jt d.g 5jt, tahhhh kumaha > range na numutkeun wargi???) > > Salam baktos, > Kang Ato > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

