Sampurasun kumaha sehat kang!

Kuring rumasa ngan sering noogan wungkul, kulantaran 
kageuing ku kang Maman.
jadi wae nulis (*he..he..)
tos sakieu wae
soni++++


On Wed, 11 Jan 2006 09:49:04 -0800 (PST)
  Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  Milis jeung Nulis
>   
>  Dina pangacaprukan-pangacaprukan ngeunaan milis 
>saencanna kuring leuwih loba ngaguar mangpaat milis 
>salaku media komunikasi. Kitu ge leuwih loba "ngomongkeun 
>urang luar", pihak-pihak nu diasumsikeun atawa katohyan 
>pisan teu nyaho atawa teu wanoh kana milis atawa 
>internet. Tah, di dieu mah kuring hayang ngaguar mangpaat 
>milis hususna, internet umumna, keur urang, nu geus aya 
>di "jero". Utamana dina perkara nulis. Sanajan, teu 
>pamohalan, ieu pangacaprukan teh taya bedana mapatahan 
>Basa Inggris ka caroge Teh Lies atawa Teh Netty.
>  Wawanian ngacapruk ka beh dieu teh pedah bae, cenah, 
>urang teh kaasup nu teu produktif dina perkara nulis ieu. 
>Handapna produktifitas urang dina nulis ieu lain bae 
>perkara politik sentralistis salila ieu. Tapi, oge, 
>cenah, patarema jeung sajarah atawa pasipatan urang 
>sorangan: Sanajan urang kungsi boga hurup sorangan, 
>hartina karuhun-karuhun urang geus nepi kana naon nu 
>disebut peradaban aksara, hartina oge boga tradisi nulis 
>jeung maca, nu dianggap peradaban "nu maju"; keukeuh bae 
>eta tradisi teh leuwih jadi tradisi nu elitis. Sarupaning 
>privelege para ajar, kiai, santri, bujangga, jeung 
>santana. Lain tradisi nu sumarambah di jalma loba. Di 
>cacah (jalma loba) siga maranehna mah, cenah, nu aya teh 
>tradisi lisan -- tradisi sungut, baham, eungab, atawa 
>tradisi oral tea.
>  Ma'lum, sanggeus peradaban aksara (Laten) dihudangkeun 
>deui ku Walanda ge, ngalewatan Politik Etis, nu salah 
>sahiji organna Balai Pustaka tea, pan lolobana mah nya 
>tedak menak bae nu bisa maca jeung nulis (Laten) teh. 
>Dalah pasantren, nu leuwih populis jeung leuwih 
>"dipercaya" ku balarea salaku sakola atawa lembaga 
>pendidikan, teu bisa ngembangkeun budaya tradisi baca 
>tulis tadi kalawan "nyugemakeun". Maca jeung nulis 
>keukeuh lain hiji tradisi dina harti dilakonan ku umumna 
>masyarakat urang.
>  Tah, sajarah siga kitu teh, cenah, mangaruhan kana naon 
>nu dimaksud tradisi nulis dina mangsa kiwari. Kaasup di 
>kalangan intelektuil atawa sarjana-na pisan. Pan, teu 
>saeutik di antara urang nu teu "kuat" nyieun tulisan nu 
>panjangna leuwih ti 5.000 karakter. Di mana aya ge, nya 
>ngacapruk siga kuring. Teu sistematis, jeung teu puguh 
>alang ujurna. (Kukituna, omat, tong pecaya teuing kana 
>tulisan-tulisan kuring!).
>  Perkara nulis (nu papanjangan bari ngacapruk tea), 
>kuring remen ditanya: Kumaha bisa nepi ka siga kitu? Di 
>mana jeung kumaha diajarna? Kuring sorangan teu boga 
>jawaban nu paheut. Komo nu sipatna teori bari jeung 
> ilmiah mah. Resep kuring sederhana bae: prak!   Enya, 
>ongkoh mah, baheula, can aya QB. Neangan buku teh hese. 
>Komo nu ngawarah urang perkara bag-bagan nulis. Atuh di 
>sakola, sanajan enya ti fakultas komunikasi, kuring lain 
>ti jurusan jurnalistikna – nu urusannana leuwih deukeut 
>kana kaahlian sarupaning nulis. Atuh teu meunang kuliah 
>kumaha prak-prakkan nulis tea. Kaasup naon nu disebut 
>nulis kreatif. Pan ayeuna mah, sawatara lembaga manajemen 
>ge ngajarkeun kumaha nulis (oge maca) kreatif sagala. 
>Atuh di QB Bakmi GM, Thamrin, nepi ka aya belasna buku 
>ngeunaan perkara nulis (kreatif) teh.
>  Ngeunaan prak atawa diajar nulis, keur kuring 
>mahasiswa, aya batur nu rajin nyieunan surat pembaca. Meh 
>unggal minggu manehna ngider ti koran ka koran nu terbit 
>di Bandung. Mikeun surat pembaca. Ku kuring kungsi 
>ditanya, keur naon kikituan sagala? "Diajar nulis," ceuk 
>manehna. Ku naon teu nulis artikel bae sakalian? "Can 
>bisa. Geus sabaraha kali nyieun teu dimuat-muat. Beda 
>jeung surat pembaca. Leuwih gampang," ceuk manehna. 
>Sanajan, nu kabandungan harita, teu sakabeh suratna 
>dimuat. Rumasa deuih, harita kuring teu matuh maca koran 
>teh. 
>  Mimitina mah kuring bingung ngadenge jawaban batur jiga 
>tadi teh. Tapi, sanggeus dilenyepan, kaharti oge. Ku cara 
>remen nulis surat pembaca manehna lain bae ngabiasakeun 
>ngebrehkeun pipikirannana. Tapi, oge ngabiasakeun nulis. 
>Kaasup kumaha nulis di media. Prak-prakkannana, mun surat 
>pembacana dimuat, ku manehna sok diimeutan deui. 
>Diakurkeun jeung arsip nu aya di manehna. Ti mimiti 
>nyurekkeun koma jeung titik, nepi ka cacarakan jeung 
>padalisanna teu kaliwat. Geus puguh sarupaning alinea 
>mah. Ku kuring sok diheureuyan. "Maneh yakin, yen 
>koreksian redaktur eta koran geus bener? Jeung deui, 
>boa-boa surat maneh dimuat teh alatan ku euweuh surat 
>lianna," ceuk kuring. Dikitukeun teh manehna karah 
>ngabetem.
>  Kadieunakeun kuring nyaho, diajar nulis ku cara nyieun 
>surat pembaca, singhoreng, lain bae dilakukeun ku eta 
>batur. Hiji lawyer di Jakarta, nu kiwari cenah kaitung 
>pangmahalna, oge ngalakukeun hal nu sarupa. Utamana, 
>baheula, basa manehna karek mitembeyan muka kantor 
>sorangan. Ongkoh, keur manehna, nulis surat pembaca teh 
>lain bae diajar nulis (nu sipatna populer) atawa sakadar 
>ngebrehkeun pipikirannana. Tapi, oge make boga maksud 
>lian: Ngiklankeun dirina. "Kita kan nggak boleh beriklan? 
>Nulis artikel, kadang-kadang ditolak redaksi. Cara yang 
>gampang, ya nulis surat pembaca. Nama dan alamat kita 
>'kan ada di sana?," ceuk manehna, bari omat-omatan eta 
>"rusiah" teh tong diucah-aceh ka batur. Enya, katingalna 
>eta lawyer teh "ngotot" pisan. Ku alatan sok nulis surat 
>pembaca eta, maneha nepi ka bisa "ngayakinkeun" PWI 
>sangkan manehna dibere kartu anggota. 
>  Dina seuhseuhannana, surat pembaca lain bae 
>dimangpaatkeun keur diajar nulis atawa "ngiklankeun" 
>maneh. Tapi, oge bisa jadi hiji "profesi".  Baheula, aya 
>sepuh, urang Aceh, urut wartawan, nu saatos pangsiun 
>milih "penulis surat pembaca" salaku "profesi"na. Sanajan 
>teu meunang duit ge, eta serat sepuh meh unggal poe aya 
>dina koran. Poe ieu di Kompas, isukna di Pelita, pagetona 
>di Suara Karya atawa Sinar Harapan. Nepi ka, mun kuring 
>teu salah inget,  surat-surat pembaca nu diserat ku 
>anjeunna teh kungsi dibukukeun sagala. Bubuhan tilas 
>wartawan tea, meureun, seratan-seratan anjeunna teu beda 
>jeung artikel atawa berita nu aya dina koran atawa 
>majalah. 
>  Lian ti surat pembaca, media keur diajar nulis teh 
>catetan harian (diary). Nu kuring nyaho, nu ngalakonan 
>cara ieu salah sahijina mahasiswa ITB  harita (80-an). 
>Ceuk manehna, dina salah sahiji bukuna, ngabiasakeun 
>nulis buku harian teh geus dimimitian ti mangsa bisa 
>nulis. Ongkoh, ceuk manehna keneh, kolotna ngawajibkeun 
>pisan manehna sadudulur  pikeun nulis. Nulis naon bae. 
>Geus puguh ari tiap mulang ulin ti hiji tempat wisata 
>mah. "Pulang dari pasar aja, kami disuruh bikin laporan, 
>bikin reportase," ceuk manehna. Tina kabiasaan eta, nu 
>nyambung kana tradisi nyieun buku harian, lian ti 
>dibiasakeun ngimeutan dunya sabudereunnana, manehna jadi 
>wanoh kana nulis. Malah, sakolana ge sasatna dibeayaan ku 
>nulis, ladang artikel nu dimuat di media.
>  Pon kitu deui hiji mahasiswa IPB (harita). Sarua diajar 
>nulis ku ngaliwatan nyieun diarry. Kuring sorangan teu 
>wawuh jeung eta penulis teh. Ngan rada wanoh kana 
>tulisan-tulisanna, sakalieun maca Aktuil jeung sawatara 
>majalah rumaja harita, taun 70-an. Nyaho soteh ngeunaan 
>soal diary eta, pedah bae ibuna guru biologi kuring di 
>SMP. Ma'lum nu janten ibu, reueus ningal putrana tiasa 
>nyerat di majalah. Ongkoh, eta penulis teh putra mung 
>hiji-hijina. Satengahing ngawulang bag-bagan biologi teh 
>anjeunna sok cumarios perkawis putrana. Oge, kumaha sang 
>putra dugi ka wacis nyerat sapertos kitu. 
>  Mireng kitu, kuring kungsi nyerengeh sorangan. Soalna, 
>dina pipikiran kuring harita, malah nepi ka kiwari, nulis 
>diary teh kabiasaan budak awewe. Lain budak lalaki. 
>Sanajan enya sadar kana mangpaatna, nu kabayang ku 
>kuring: Asa teu "macho"  aya budak lalaki nulis  "dear 
>diary...". Hahaha... Sanajan, tangtuna lain diary siga 
>kitu nu ditulis ku eta dua pangarang teh. Tapi, saha nu 
>nyaho ketang? Pan kuring ge can kungsi maca diary 
>aranjeunna?
>  Ngan, sigana, tradisi nyieun diary siga kitu teh 
>diwajibkeun pikeun sakola-sakola baheula mah. Maksudna 
>sakola zaman Walanda, nu ngadopsi (meureun) cara atikan 
>sakola-sakola di Eropa. Lain pedah budak sapantar Anne 
>Frank bisa nyieun diary nu pikaaheungeun siga kitu. Tapi, 
>eta bae, kuring kungsi ngabantuan hiji sepuh nyieun 
>otobiografi. Ditingal teh seratan anjeunna, aya ku 
>"akurat". Dina mertelakeun hiji kajadian teh, lain bae 
>tanggal jeung tempatna. Dalah jam jeung menitna ge tara 
>tinggaleun. Hartina, anjeunna ngagaduhan sarupaning diary 
>atawa buku harian tea. Pan, asa pamohalan mun anjeunna 
>mung ngandelkeun tina emutannana mah? Tong boroning 
>kajadian nu geus mangpuluh-puluh taun, kajadian dua tilu 
>bulan kamari ge (kuring mah) sok poho deui. Komo nepi ka 
>detail jam jeung menitna. Pan,  ari (sakalina) solat ge 
>sok poho, naha ieu teh rakaat ka tilu atawa ka dua.
>  Atawa pedah anjeunna tentara, jeung teu weleh jadi 
>komandan? Hartina, boga asisten jeung anak buah purah 
>nyatetkeun atawa ngalaporkeun kajadian-kajadian eta. 
>Tapi, maenya nepi ka kajadian atawa pangalaman nu sipatna 
>pribadi oge dicatet ku eta asisten atawa ajudan? Kuring 
>leuwih percaya, sakola (jeung kaayaan) baheula memang 
>kondusif keur ngalahirkeun tradisi nulis (jeung maca) 
>eta. Pan, urang mah tong boroning nyieun catetan harian, 
>sakalina nulis surat ge sararangeuk. Ongkoh, ayeuna mah 
>geus aya telepon jeung SMS. Mun inget atawa aya beja nu 
>rek ditepikeun ka batur ge, cukup nga-SMS.
>  Tah, dina perkara nulis surat ge, bandingkeun misalna 
>jeung kolot-kolot urang. Utamana nu kungsi kawarah ku 
>atikan Walanda tadi. Bibi pamajikan, sakitu geus sepuhna, 
>dina sabulan paling heunteu nyerat hiji serat. Komo, 
>waktu saderek-saderekna masih jarumeneng keneh mah. 
>Sirikna teu unggal enjing anjeunna ka kantor pos, 
>ngeposkeun serat kanggo saderek-saderekna.
>  Bibi pamajikan teh jajauheun bisa disebut penulis 
>profesional. Beda jeung Pa Ajip (Rosidi), nu profesina 
>memang kana nyerat. Pantar Pa Ajip mah pastina tara 
>tinggaleun kana nyerat. Malah, sakali waktu, kuring 
>kungsi naros ka anjeunna: Sadinten nyerat sabaraha kaca, 
>boh serat biasa boh nu mangrupi artikel? "Teu pira, 
>paling ge 18 kaca," saur anjeunna, anteng.
>  Urang, nu hirup dina jaman internet siga kiwari, 
>satemenna boga media nu leuwih loba, leuwih gampang, 
>jeung tetep relatif murah, pikeun bisa jeung ngabiasakeun 
>nulis. Lain bae ku sarupaning serelek (serat elektronik 
>atawa email). Tapi, nu sipatna leuwih publis, bari tetep 
>murah jeung gampang tadi: Milis jeung web blog.
>  Enya. Pan, ku alatan demokratna milis jeung internet, 
>malah liberal pisan, urang bisa nulis kumaha jeung naon 
>bae. Nu ngawatesan urang, sigana ngan tilu perkara: Wanda 
>atawa paniatan milis, kadaek, jeung ...tanaga urang! Kuat 
>heunteu urang nulis leuwih ti 5.000 karakter? Beh dituna 
>mah, wawanen. Kaasup, wani heunteu urang disebut "aneh". 
>Ngadon papanjangan, ngacapruk nuturkeun pipikiran 
>sorangan, nu sakapeung teu nyambung, atawa euweuh 
>mangpaatna keur nu lian?
>  Kitu ge mun urang nulisna salah tempat, ketang. Siga nu 
>remen dilakukeun ku kuring. Da, mun dina tempatna mah, 
>nya dianggap ilahar bae. Teu aneh, teu sing. Jeung deui, 
> di mana enya ge teu dina tempatna, kajeun teuing. Moal 
>raheut ieuh. Urang mah tawakal bae kana kayakinan urang: 
>Sekali cuek, tetap beybeh! Ongkoh,  perkara "wawanen" 
>tadi nu remen ngahulag urang pikeun "berekspresi" teh. 
>Umumna, urang teu wani nulis ku alatan sieun jeung sieun. 
>Utamana sieun salah. Nepi ka loba anggota milis nu 
>panonna barelek, malah (ceuk cenah) nepi ka aya nu lolong 
>sagala. Alatan ngan noongan bae.
>  Ongkoh lebar bae mun ngiluan milis ngan saukur noongan. 
>Moal dipikawanoh ku anggota lianna. Hartina, jadi 
>ngurangan babarayaan.
>   
>   
> 
> 
> 
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
> Photo Books. You design it and we’ll bind it!

========================================================================================
Ikuti Kuis Ramadhan bersama TelkomNet Instan dari 12 Oktober s.d 2 Nopember 
2005 di 
http://www.plasa.com/jatim 
dan dapatkan hadiah setiap minggunya ! (khusus Jawa Timur)
========================================================================================
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke