[1] http://www.babadbali.com/aksarabali/
[2] http://www.babadbali.com/aksarabali/presindo.htm
[3] http://www.dkuug.dk/jtc1/sc2/wg2/docs/n2974.pdf (Serat rekomendasi ti BSN)
On 12/01/06,
Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Oman,
Hatur nuhun parantos ngadugikeun ngeunaan hal ieu ka Abah Surya. Panginten peryogi disusun timna nya ti Kusnét kanggo proyék ieu? Kinten-kintenna saha waé?
1) Pikeun référénsi, urang tiasa nyonto ka nu tos suksés lebet kana Unicode, nyaéta Aksara Bali dina situs BabadBali [1], hususna préséntasi ngeunaan "komputerisasi aksara Bali" [2].
2) Numutkeun Everson, ku kawalerna patarosan-patarosan anu kamari dikedalkeun ku sim kuring, insya Allah cekap kanggo bahan proposalna. Salian ti éta, panginten peryogi ogé serat rekomendasi ti Pemda pikeun standardisasi aksara Sunda kana Unicode kanggo nguatkeun posisi proposal téa. Teras serat rekoméndasi ogé ti Badan Standardisasi Nasional (BSN), contona [3].
3) Kanggo kontak sareng Unicode, tiasa ditingal tina serat rekomendasi BSN alamat Unicode. Urang tiasa ngahubungan Michael Everson, margi anjeunna téh salah sahiji anggota. Sim kuring parantos sababaraha kali koréspondensi. Dina kasus aksara Bali, anjeunna diulem sumping ka Bali kanggo ngadamel proposal téa. Proyék aksara bali nyalira cenah nyéépkeun 40 juta, tapi panitiana teu kabagéan da séép kanggo ongkos. :) Saupami korespondénsi antawis panitia di Indonesia sareng di dieu tiasa lancar, panginten teu kedah ka dinya ogé teu nanaon.
Hatur nuhun,
-Dian-
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

