Uluh seratan mani munel kieu kang maman?
Leres pisan anu di pedar ku kang maman, yen internet dina hal ieu milis, ngagaduhan posisi anu kacida strategisna dina enggoning nepakeun pasipatan atawa nambut basa kang maman mah pewarisan nilai2 tea. Gara2 milis urang tiasa wanoh, gara2 milis urang tiasa pasea, gara2 milis urang tiasa janten pinuh ku informasi sareng elmu pangaweruh, gara2 milis tea urang tisa seuri babarakatakan, anu satemena hal ieu tos aya proses trasnformasi budaya sareng pasipatan.
Pami ku urang teras dipapayan, milis teh ngagaduhan budaya/pasipatan anu unik.
Intina, saleresan pami milis2 diropea sareng diorganisakeun kalayanan sae, tangtos bakal ngahasilkeun anu mucekil, boh secara materi, budaya, elmu pangaweruh, silaturahmi, sareng rea-rea deui. Gara-gara milis pan pasipatan kasundaan bisa mucunghul. He...he..
Intina, saleresan pami milis2 diropea sareng diorganisakeun kalayanan sae, tangtos bakal ngahasilkeun anu mucekil, boh secara materi, budaya, elmu pangaweruh, silaturahmi, sareng rea-rea deui. Gara-gara milis pan pasipatan kasundaan bisa mucunghul. He...he..
cag ah sakitu bisi ngacapruk teu puguh.
On 1/11/06, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
-- Kusnet jeung "Pewarisan Nilai Budaya Sunda"(Tawis hormat kanggo Abah Surya sareng Kang Runa Saparakanca)Tangtu lain kuring rek nyebutkeun si Abah kalebet birokrat, nu di urang mah konotasina teh goreng malulu. Tapi, maksud kuring, arang para sepuh, utamina nu kalebet inohong atawa budayawan profesional sapertos anjeunna, kersa rurumpaheun ilubiung dina milis. Lian ti internet teu pati dipikawanoh ku umumna masarakat teh, milis mah lolobana sok diariluan ku barudak ngora tea. Matak kuring ngabasakeun, milis mah kultur barudak ngora. Ari ieu?Tah, ku ayana inohong sapertos si Abah, nu ngagaduhan otoritas dina medar kabudayaan Sunda, boh ku sepuhna, pangalamannana, profesina, oge ku kaelmuannana, naon nu jadi tesis Pa Ajip teh geus dilakonan. Sadar teu sadar, aya pewarisan nilai (paling heunteu dina mekarkeun pangaweruh basa) ka generasi sahandapeunna. Kukituna, kuring respek pisan ka anjeunna. Nya, sanajan ngacapruk, bari jajauheun tina nyunda ge, ieu teh hormat kuring ka anjeunna. Sakaligus do'a kuring: Sugan bae leuwih loba deui sepuh nu daek ngahuma di tempat nu ngaranna milis atawa internet, di kusnet.Pangacaprukan ieu, oge hormat kuring ka budak ngora siga Kang Runa, Kang Eko, Kang Gibson, Kang Kumi, jeung sajabana, nu oge sok katingal di sawatara milis kakotaan di Tatar Sunda. Ku cara kitu, aranjeunna geus ngiring nepakeun atawa ngawariskeun budaya Sunda. Paling heunteu dina perkara basa. Ku cara nu basajan, murah, jeung up to date: Milis kusnet.
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile : +62-818-109410
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

