Kang Ule,

Hatur nuhun pisan tos diaku,
Saleureusnamah abdi ge masih gaduh titinggalan di Riau toh motor 
sareung parabot rumah tanggi da salami diRiau abdi masih ngontrak 
bumi tepatnamah di Rumbai nya kitu we paling dilongokan mung dua 
sasih sakali eta ge mun kaleureusan abdi nuju dibumi..nya eta ge 
sabaraha rerencangan sapadameulan urang sunda nutigarut, 
nutibandung,oge tibogor nya jadi sariungan we arisan bulanan da 
saruana jauh ti lembur.

Sakali deui hatur nuhun tos diaku, mudah2 an lain waktos tiasa 
pateupang darat di Riau.

Salam,
Cecep S


   --- In [email protected], "Cecep Wahyu" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> muhun eta teh wargi abdi neng... deuh...aya ku reueus yeuh datang 
dulur..
> sakantenan bade nepangkeun maneh ah ka kang Eman, wasta sim kuring 
oge sami Cecep mung Wahyu abdimah dipengkerna.... lahir di Garut, ( 
Tutugan Leles ) ageung di Bandung, DeWaSa ( Gede Wadul ka Sasaha ) di 
Bintan... enya nyiar rijki di Bintan, Kepri.
>  
> Mangga lajengkeun, mugia betah Tumaninah.... Neng Mia..kade tong 
dihereuyan nya!!
>  
> Baktos,
> 
> *Kang Ule.... ngarah teu pahili jeung Kang Cecep Sulaeman ah... di 
lembur oge moal make ngaran aseli.
> 
> -----Original Message-----
> From: Mia [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Subject: Re: [Urang Sunda] Wargi enggal
> 
> 
> Haturan kang cecep,mangga kalèbèt.
> Euleuh siga na rèsèp kukurilingan damèl teh.
> Sukabumi na palih mana? abdi oge kantos ngumbara kenging 3 taun di 
sukabumi, cakèt SECAPA.
>  
> **Kang Ule, ieu wargi akang sanes? da geuning namina sami heu heu 
heu
>  
> ~Mia~
>  
> On 1/12/06, Cecep sulaeman < [EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Balareya...........
>  
> Nepangkeun abdi Cecep Sulaiman asli urang sunda kawit mah ti 
sukabumi .........dameul mah teu jeulas kadang di jakarta, di 
Pekanbaru, di Surabaya, di Perth, di Timur tengah......bahkan dinteun 
ieu abdi nuju kaleureusan di Aberdeen Scotland. 
>  
> Mudah2 an di aku ku dulur sarerea........janteun baraya..........
>  
>  
> Haturnuhun,
> Salam,
> Cecep S
>








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke