Cecep Wahyu [EMAIL PROTECTED]
Assalammualaikum Wr.Wb,
Wilujeng enjing baraya sadayana...Wilujeng kuramas anu tos NUY heheee... *abdimah henteu... peré
sakantenan ah bade nyobian ngawaler patarosan ti kang Irwan aka Aa Aphet
kecap jrut teh salah sahiji kecap panganteur ( kata bantu ) meun teu lepatmah anu dipake jang lewih nekenkeun atanapi langkung ngajelaskeun kana naon anu ( bade ) dilakukeun, sababaraha conto kecap bantu anu kuring terang nyaeta
jrut => turun - ari naek naonnya kecap panganteur na?
kalacat --> cat = unggah/naek
gek => diuk
beretek => lumpat (jalma rea/jamak)
belecet ==> lumpat
clek => calik / tumpak.. biasana dina motor/ becak
jol => datang .. jrrd ( jeung rea rea deui )
Gutrut => nulis
teras sababaraha harti tina kecap anu ditaroskeun
wanoh = Kenal, ngawanohkeun = Ngenalkeun, wawanohan = Kekenalan / perkenalan
genggerong = Tenggorokan * conto anu ngangge kecap ieu nyaeta " Heuras genggerong " anu nunjukkeun jalma anu sok huak haok.. ngomongna gede alias sok bebentak..(kanggo jalmi anu ngomongna teugeug/kasar)
katelah = dikenal dengan / disebut dengan
Serelek = Serat elektronik tina e-mail meun di indonesiakeun kan Surat elektronik..
nyigeung = menyinggung ( perasaan )
Anjirrr... edun euy uing.... kanu ahlina punten panglereskeun bilih aya anu lepat atanapi kirang naon anu dijelaskeun ku abdi ka kang Irwan.. bilih keh dituntut informasi menyesatkan tea.. heuheuheuheu...... Apih, kenging peunteun sabaraha yeuh abdi?
Wassalam
Baktos,
Çéçép Wahyu  katelah " Ule"/ssw


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke