wilujeng lah kang hendra. sing mulus banglus acarana.
mun pareng kuring ka ditu ( sok rajeun dina sataun teh kana 2 kali mah) 
kuring hayang tepung jeung baraya-baraya nu ngumbara di ranah minang. 
sababara bulan katukang kuring ka bukittinggi, ngendong di bagindo harita 
teh.
coba mun terang... meureun tiasa tepang urang teh.
dudin

----- Original Message ----- 
From: "kamurer" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, 13 January, 2006 13:30
Subject: [Urang Sunda] Kabar Ti Sumbar


> Assalamualaikum ww
>
> Wargi kusnet sadaya wilujeng wengi...
>
> Sikuring bade ngabarken yen di Sumatera Barat tos Kabentuk Paguyuban
> Warga Sunda (PWS) Sumatera Barat (kanggo tingkat propinsi), ari di
> kabupaten/kotamah tos aya ti anggalna sapertos di bkt, pdg, payakumbuh
> dll. Jadi kamari ieu diayakeun musyawarah kanggo ngabentuk tingkat 1 na,
> cenah rek nginduk ka Paguyuban pasundan di lembur.
>
> Ari anu jadi ketua kanggo tingkat 1 na nyaeta Bapak Ade Julardi dosen di
> unand, cenah sakedap deui manehna bade jadi profesor...
>
> Teras pelantikan kanggo pengurus tingkat 1 bade diayakeun sakantenan
> acara Patepang Sono Warga Sunda sa sumatera barat dina tanggal 22
> januari 2006 tempatna di Gedung Taman Budaya SUmbar di padang. Anu bade
> ngalantik cenah Jabar 1, atos pahet cenah bade dongkap ka sumatera,
> teras kanggo Banten 1 masih teu acan masihan kapastian. Ari Sumbar 1 mah
> atos pahet pisan kumargi anjeuna bade diangkat jadi sesepuh wargi sunda
> di sumbar. Saurna bade dipasihan gelar "Abah jeng Ambu".
>
> Enya tateh ari di sunda lamun masihan gelarteh atawa kahormatan di
> pasihan gelar "abah jeng ambu"?.
>
> Kamari teh ngobrol jeng k.asep ti STSI cenah tandana ka siabahmah uang
> pasangken bengker hulu (barambang semplak), ari ka si ibuna dikalungan
> ku melati, ari rencana memehnamah rek dibere kujang wae, tapi pasangana
> nanon ker si ibuna, atanapi di bendoan si abah na, ka siibu tiung warna
> hejo. Tah biasana kumaha?. mumpung acara masih 10 poe deui.
>
> Ka wargi kusnet bilih aya anu bade rurumpahen dongkap ka sumatera,
> mangga diantos, da kanggo panginepanmah aya dicadangkaeun cenah ker
> tamu-tamu anu jauh di hotel Sedona/bumi minang. Tiasa oge lamun bade
> ngical cendera mata. da palataran gedung oge tos disiapken kanggo anu
> icalan, asal kudu nyunda.... tukang sate padang teu bisa, paling tukang
> rokok ceunah rek muka konter da mere sumbangan sabagai sponsor.
>
> Sareng lamun jabar 1 dongkapna saptu, dina malam mingguna bade
> diayakaeun saresehan (kongres=ngawangkong teu beres-beres tea) di
> gubernuran sumbar tempatna, lamun minggu dongkapna acara eta diayakeunna
> wengi senen di hotel bumi minang, kitu ceunah.
>
> tos ah sakitu heula.
>
>
> salam
> hendra
> bkt.
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
> 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke