kang Ndud,
Ceuk kuring pribadi ieu mah... masalah eta mah kumaha pribadina sewang sewangan.. nu kitu bisa disebut Mitos ceuk abdiw.
tapi emang kaalaman, baheula keur rek kiwin ka indungna Amey oge, kulawarga jikun teh palalaur cenah Urang Sunda mah beuki kiwin.. hehee... matak kitu oge berarti Urang Sunda payu!! ;p
 
aya adat orang Melayu, ieu mah sakanyaho abdi yeuh, pangalaman ti dua babaturan, anu hiji turunan Cirebon - Malayu, manehna niat rek kiwin jeung anak Melayu aseli, tah tisamemehna geus dipenta DP Rp15jt. rieuteun manehna teh.. cenah eta teh diluar biaya pernikahan jeung lainlainna.. khususon jang duit panganteur. tungtungnamah bedo da teu bisa ditawar! atoh wae nu aya cenah bisa neangan deui anu anyar ( padahalmah jang ngabangbrangkeun hate weh..meureun padahal mah handeueul pasti aya )
dulur urang oge aya urang Cibodas ( Cianjur ) ayeuna keur rieut oge da cenah dipenta 8Jt jang DP wungkul, diluar biaya lainna.. kitu deuih boga rencana teh, daek ditawar syukur.. teu daek nya dadaah... milari deui...
di Padang, Pariaman... lalaki dibeuli ku awewe... beuli luhur pendidikanna, beuki mahal hargana cenah... heuheuheu..jadi Mokondo... sigana meun papirak teh balik ti imah jikanna ngan mamake kolor wee... ;p
 
geus ahh... jadi ngacaprux
 
 
Baktos,
Ule * tukang ngacaprux teu puguh.. ;p
-----Original Message-----
From: Dudi Herlianto [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, January 13, 2006 11:05 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] matre atawa realistis?

bosen jigana lamun ngadenge, wanoja Sunda mah matre. Lalaki Sunda, beuki kawin cere. tapi daek teu daek stereotif kitu teh terus kadenge di sabudereun urang. daek teu daek geus (di)napel dina diri urang "Sunda".
 
punten, bilih aya nu apal, ti mana asalna, nepi ka di cap kieu teh?, naha kultur Sunda memang nekenkeun pisan kana materi (utamana dina neangan jodo keur awewe)?, naha dina kultur sunda memang teu ngahargaan tradisi pernikahan? atawa kumaha?
 
hatur nuhun
bakti diri,
 
dh
--


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke