Numutkeun kuring, makanan sehat lain ukur persoalan formalin wae. Oge lamun enya berita formalin keur ngalihkeun perhatosan tina kasus-kasus korupsi, angger urang mah kudu sosialisasi makanan sehat (lain nu bebas formalin wungkul), oge bebas pestisida, bebas karsinogen, bebas zat pewarna, jrrd.
Saleresna katuangan US mah sehat da seueurna sayuran sareng buah-buahan, sapertos karedok, lotek, sayur asem, lodeh, rupa-rupa tumis sayuran, sambel lalab, lauk tawar (seger keneh ti balong), atawa lauk laut (seger) jrrd. Jadi lamun urang satia kana katuangan US dijamin sehat, asal sayuran sareng buahna bebas pestisida.
Sosialisasi atawa Gerakan Peduli Makanan Sehat kedah teras dilakukeun. Mung naon media nu efektif kanggo nyebarkeuna?
Runa Inawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Runa Inawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nambihan sakedik saurna mah ayeun atos kapendak alternatif bahan pengawet anu bahana tina udang nu dikembangkeun di Fakultas perikanan IPB, ieu abdi kenging informasi teh basa nuju ngawangkong dikosan sareng barudak. Ayeuna nuju dikembangkeun eta produk teh. Mung duka naon namina abdi oge kirang jelas. Duka leres duka henteu ieu teh., Mugi wae ieu teh leres.Teras cenah eta aya seratan yen formalin saleresna teu berbahaya, duka tah abdi kirang terang langkung jentrena. Mung numutkeun peraturan Menteri Kesehatan (Menkes) Nomor 1168/Menkes/PER/X/1999, dijelaskeun yen formalin teh dilarang pikeun digunakeun dina makanan. Panginten pami urang nitenan tina peraturan eta, tos jelas yen formalin teh bahaya. Moal enya pamarentah daek ngbobodo ka rahayatna sangkan maot?Cag...sakitu heula mangga anu sanesna kumaha ?
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Photos Showcase holiday pictures in hardcover
Photo Books. You design it and well bind it!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

