|
Hatur nuhun Apih kana pidu'ana kitu deui ka wadia
balad kusnet katampi pisan kalayan kabingahan sagala pidu'ana, mugia kasaean eta
dibales anu mangpirang pirang.
Saleresna gubrag kaalam dunya teh sapoe reujeung
jeung Mick Jagger, ngan beda taun. Matakna mun can nyaho ramalan bintang teh sok
ngahaja nanyakeun ka Mick Jagger da sarua Capricorn he he. Angka 13 teh
najan ceuk batur kaasup angka sial tapi ceuk kuring mah angka karamat, malahan
mun nanaon sok kudu aya angka 13an, kaparengan tinomer tabungan nepikeun ka
nomer hp aya 13an, sok ambek mun naek lift tara manggih angka 13an, rajeun
aya sok diganti ku 12A. Beu ! Baheula ku resep resepna ka angka 13,
boga kabogoh ge hayang nu karangna aya 13, enya we manggih, ari pas
diitung teh enya aya 13 tapi campur jeung kutil, bedo we !
Mugia ka uninga ka baraya Keom Funs Club
(KFC) tadi teh tos dikintun ka MJ drap Keom Sakedap, aya dua babak, babak kahiji
aya 112 judul, babak kadua 54 judul, ieu teh naur jangji da baheula ocal ocal
bade dibukukeun. Duka ku MJ bade dibukukeun duka jeung nyingsieunan
beurit...hehe.
SR
|
- Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala (KEOM) syam ridwan

