----- Original Message -----
Sent: Friday, January 13, 2006 3:56
PM
Subject: Re: [Urang Sunda] matre atawa
realistis?
Cewe matre ka laut ajeeehhh!
Lain wadul wanoja sunda tina rupa mah
rata-rata leuwih onjoy ti seler sejen, tah kulantaran kitu boh kolotna
sumawona jinisna, ngarasa boga nilei jual. Didieu hukum pasar berlaku barang
alus pasti harga ge alus. Nya wajar mun awewe geulis ngaharib harib ka MATRE,
ngan nu teu kaharti ku uteuk teh sok aya awewe nu teu pati geulis ( teu
wasa nek nyebut goreng teh) tapi MATRE. Matakna stereotif eta moal
leungit sapanjang wanoja sunda gareulis jeung ngarasa
geulis.
Sabenerna mah lain matre ketah, tapi saha awewena
nu teu hayang disenangkeun kunu jadi salakina, saha nu teu atoh nu jadi
kolotna mun ningali anakna hirupna senang, lantaran meunangkeun nu jegud.
Jaman ayeuna asa WADUL mun aya awewe daek diajak sangsara alatan ngabelaan
CINTA. Matakna mun nek miharep anak mitoha, kudu masagi heula. Lamun
can masagi wae, neangan mitoha anu kerep MERE jarang NITAH, hagsiah
tibalik jadi Cowo MATRE euy.
Lalaki sunda kawin cere ? Ceuk saha ? Nu puguh
mah kawin deui kawin da bakating ku laku. Teu kudu dimasalahkeun da geus ti
karuhuna.
SR
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 13, 2006 11:05
AM
Subject: [Urang Sunda] matre atawa
realistis?
bosen jigana lamun ngadenge, wanoja Sunda mah matre. Lalaki Sunda,
beuki kawin cere. tapi daek teu daek stereotif kitu teh terus kadenge di
sabudereun urang. daek teu daek geus (di)napel dina diri urang "Sunda".
punten, bilih aya nu apal, ti mana asalna, nepi ka di cap kieu teh?,
naha kultur Sunda memang nekenkeun pisan kana materi (utamana dina
neangan jodo keur awewe)?, naha dina kultur sunda memang teu ngahargaan
tradisi pernikahan? atawa kumaha?
hatur nuhun
bakti diri,