Nuhun kana pangangkenannana.
Uluh kutan kang Yosef teh di Oman. Kapungkur mah Oman teh sapademelan sareng akang. Waktos sami-sami di Palembang. Tapi da Oman mah sanes urang Sumedang. Urang Kuningan anjeunana mah. Teu sangka tah si Oman tos tiasa gaduh padamel. Tos sabaraha lami kang Yosep damel di Oman. Salam ah ka Oman. Naha  kitu masih emuteun keneh ka sim kuring.Cobi taroskeun  pak Dud Asgar kituh. Pedah we Oman ayeuna mah  tos tiasa masihan surelek US ka kang Yosep ...he..he..he.

Nuhun ah kang Yosep, kaleresan di padamelan akang mah urang Indonesiana teu acan seueur. Nembe aya  4 an. Kitu oge nu 3 an mah nuju cuti. Numatak ayeuna  akang asa nunggelis sorangan. Moal ah sigana ari tos aya millis urang sunda mah. Komo aya Mangle-online mah . Ah beuki betah we lah. Komo upami tos muka surelek US tea  . Sanes.
Kumaha di Oman , seueur urang Indonesiana , utamina urang sunda?. Kawasna moal patebih urusan gawe akang sareng kang Yosep mah . Urusan minyak lantung sanes? .
Ari akang mah engke wangsul teh ka lembur ping 1 Feb Khartoum- Doha- Jakarta.
Sok atuh ngadongeng heula nu tos langkung tipayun aya dina millis ieu , ambeh tiasa nurutan kumaha biasana.
Sakitu heula ah. Nuhun tos diangken
 
Wassalam
Dudi

Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mangga kalebet kang dudi, sok geura lah…di jamin betah di dieu mah.
Abdi ge kapungkur mah mani tiiseun di dieu tehh, ayeuna mah sumanget ka tempat damel tehh, da bade mukaan surelek ti US tea..hehehe
Nepangkeun abdi nu katelah (boh di milis, di padamelan atanapi di lembur) Yosep tea…eh teu nganggo tea deng..kawit ti Sumedang (asli suerrrrr)
Sami nuju kokoreh cok di lembur batur anu tebih ti tatar sunda, persis n amah di oman.
Sakali deui PRUNG ah…urang ramekeun ieu milis….geura pedar lalakon di sudan..
 
Baktos,
Yosep
 
 
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of dudi mulyadi
Sent: Saturday, January 14, 2006 1:46 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun
 
Assalamu'alaikum ...
 
Punten..., ieu sim kuring nepangkeun warga anyar millis urang sunda.
Duh mani asa mendak suung sagunung, mendak millis  ieu teh.
Kawitna mah, muka " Apa dan Siapa"na Pikiran Rakyat online. Eh aya  seratan tentang mang Jamal anu janten kuncenna millisna urang sunda, anu anggotana pang ageungna sadunya tea.Sanes kitu kang Jamal? Teu diengkekeun deui ah der we daftar.
Puguh ieu sim kuring teh keur  cuang cieung we di lembur batur di tatar Sudan.  Sanes di tatar  Sunda .Ieu mah di Afrika. Ari seratanna mah leres teu aya bentenna. Persis sami limalimaan hurupna teh  , tapi jalmina teu aya nu tiasa basa parahiangan.
Janten kumendakna millis ieu jadi asa teu di lembur batur. Asa di Garut we.
Aeh ..., muhun ,nepangkeun tea. Sim kuring Dudi, Asgar. Umur tos cueut ka handap. Ayeuna keur koreh-koreh cok  di nagarana mendiang John Garang tea.
Nuhun ah ka PR ,anu tos masihan wartos ieu millis.
Sakitu we heula, Insya Allah engke dipajeng deui....
 
Wassalamu'alaikum
 
Dudi Mulyadi
   

Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
Photo Books. You design it and we’ll bind it!


Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke