Ieu mah mairan teh lain pedah ku aya pangalaman atawa aya bahan keur mairan. Estuning wae kagero ku judul jejerna. Bisi dinaha-naha ku nagara nu boga ngaran, piraku wae cenah, sakitu sarua ngaran teh, kuat ka teu mairan :). Mairan disahandapeunana unggal padalisan anu kapilih wae nya, ngarah rada nyambung....mangga dihandap ieu:

 
On 1/15/06, Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Oman ….teu benten teubih sareng nagara nagara Arab anu sanes, di dieu sagala sisi ekonomi, ti ngawitan tukang sasapu, gegeroh dugika tukang usaha di dominasi (naon sundana nya?) ku urang deungeun (pang-pangna mah India). Malahan mah tiasa di sebat urang India sareng rahayat Oman teeh seueuran urang Indiana . Upami di urang mah panginten Cina na

==>Tah geuningan lain Cina wae anu turutaneun dina widang ngumbara teh, India oge kitu. Sugan atuh urang Sunda anu resep ngumbara oge engke minuhan nagara-nagara Arab...heuheuheu...lumayan bisa jadi kakuatan....kakuatan naon wae.
 
Omannagarana pinuh ku gunung batu,saeutik lahan anu tiasa di jadiekun pamukiman , didieu wangunana nga gedean / ngajankungan kaluhur ti batan ngalebaranjadi ti mimiti uyut dugika incu lolobana netep di eta hiji wangunan.
 
===> Wah...jadi inget kana wangunan imah-imah tina batu anu dicaritakeun ku Al Qur'an. Naha di lebah wewengkon nagara ieu kitu tempatna teh?
 
Barudak Oman anu katingali ku abdi mahamat sangat begitu mencitai kedua orang tua meraka (sok pang nyundakeun kunu tiasa). Maranehna wani bebeakan keur ngabelaan kolotna, teu aya anu wani ngalawan sigana teeh. Ceuk kolot hideung nya hideung, ceuk kolot koneng nya koneng. Nya panginten aya wau hiji-hijieun mah, mung teu kanyahoan wae ku abdi
 
==>Muga-muga wae atuh Kang, barudak kuring teh...eh barudak nagara ieu teh bener-bener mikacinta ka sepuhna masing-masing. Asal sapanjang bebeneran wae nya nurutna teh
 
Sareng aya hiji aturan anu matak molohok, tapi ieu aturan henteu terlalu di patok (tiasa nego), sigana mun eta aturan berlaku di urang teu kabayang kumaha jadina nagara. Kieu , di dieu amun rek NIKAH, kudu sadia duit minimal 10.000 Real Oman (upami di rupiahkeun kurang leuwih 250 yuta an). Eta tehh keur mun ceuk kasar namah meuli wanoja. ( bisa keur imahna, mobilna, perhiasana jrrd..) kusabab kitu teu saeutik lalaki oman anu teu bisa kulawarga (nikah tea), kusabab panghasilan anu teu nyukupan (jadi bujangan kolot mun di urang mah). Jadi di dieu mahpara ISTRI teeh kedah rela upami suami bade ngawayuh deuiteu saeutik sanajan geus aki aki (geus incuan antara 50-60 taun) , sanajan geus boga pamajikan 3 atawa 4, kusabab beunghar, maranehna (enya si aki) nikah deui jeung wanoja anu 25 taunan. Hebat teuu? Kumaha upami di urang??? Hehehe
 
Hidup ngawayuhsok saha anu bade yeuuuhhehehe
 
===> No comment lah, piraku wae eleh ku aki-aki. Dasar nurustunjung ...hehehe...jadi meupeuskeuyang ka aki-aki ari teu bisa teh. Sigana di nagara tempat Kang Yosep ayeuna, loba aki-aki anu boga pamajikan make jurus "anu hiji". Enya, anu hiji umur 20 taun, anu hiji umur 30 taun, anu hiji deui umur 35 taun, jst. Lamun di Tatar Sunda, jurus anu hiji teh kieu cenah: anu hiji di Bandung, anu hiji deui di Garut, anu hiji deuina di Cianjur, jst. 

Rahayat Oman , seuseurna ngalakonan kahirupan dina widang ngalaut / nalayan sareng dina usaha sopir. Kulantaran kitu, pamarentah Oman sasih December kamari ngaluarkeun peraturan kanggo posisi sopir eta. Anu eusina kieu : "Tidak boleh ada warga Negara lain yg mengendarai mobil bak terbuka / pick-up, treuk, beus ..pokona mah mobil anu gararede. Terkecuali mobil anu datang ti nagara sabeulah".

===>Nagara asal Sinbad tea nya lamun teu salah mah. Cikan kang diantos dongengna ngeunaan para pelaut abdi...eh ieu nagara.
 
Omansalah sahiji nagara Islam anu kuat, sigana upami teu lepat saratus persen urang Oman agamana Islam (punten upami lepat). Aranjeuna kacida ngewaeuna (atanapi kumaha nya nyebatna ) ka agama anu sanes (komo deui ka amerika mah). Tapi deui, aranjeuna ge sadar sa sadar-sadarna, yen di Oman teeh para pemegang bisnis seuseurna di gerakeun ku urang deungeun (urang Oman n amah mung janten sponsor wae upami dina hiji parusahaan teeh).
 
Tapi di dieu mah karaos pisan saling ngahargaan sareng ngahormati di antawis muslim sareng anu non-muslim teeh. Eta teu leupas ti kuatna hukum anu aya di dieu. Janten teu aya wee anu hog-hag marebutkeun lauk, marebutkeun awewe, ngaributkeun soal agama, komo deui pembunuhan sareng perkosaan mah. Estuning adem ayem enggelenggem, tiis ceuli herang mata ceuk paripaosna mah .
 
===> Hade atuh Kang, cikan diantos pedaran saterasna ngeunaan kuatna hukum anu dilaksnakeun di nagara ieu teh? Naha hukum naon anu dianggo? jst
===> abdi ge cape :) mairan ieu teh aya sajamna sabab bari ngalongokan anu keur kursus aplikasi sistem informasi di kantor.
 
cag.
manAR 

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of indung peuting
Sent: Sunday, January 15, 2006 10:37 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Budaya batur anu bisa diconto ku urang..??

 

Muhunnya kang Yosep, bilih aya anu nyiwit, ulah nyarioskeun nyandung, tapi pek wae ari hayang mah.....he he.

Sok urang nyarioskeun, budaya waenya...Cing di oman, budaya anu perlu di conto ku urang eta naon .? Cing ah. pedar...?

 

ipeut

(urang nyonto budaya batur seperti jepang, budaya kerja efektif, atanapi managemen berbasis kinerja)



 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke