Teu kakantun, sim kuring ngahaturkeun nuhun kalintang, parantos diulem kana panglawungan anu pikaresepeun, pinuh ku sempal guyon, acara santai. Atuh suguhanana, sangu timbel sapuratina kalintang matak sugema. Aya beuleum peuteuy sareng beuleum gurame utamina mah, nikmat kacida. Mangkaning hawa dago keur sakitu nyaliarana: tiis jeung kabeurangnakeun hujan ngaririncik.
 
Hatur nuhun, bil khusus ka Teh Lis sareng Kang Murdi, anu janten sohibul bet. Sok sanao tos lami di luar "nagreg" geuningan basa jeung rasa Sunda aranjeunna teh masih medok, teu susut. Pon kitu deui ka Kang Iim sareng rengrengan panitia ti gankleboy sareng Kusnet, nuhun kana sagala rupina. Panutup, ka sadayana bae anu kamari ngiring ngempel oge anu ngarojong pangdo'a, sim kuring ngahaturkeun nuhun.
 
PS: hatur nuhun oge ti Kang Ilen - juragan "minyak" ti milist sapalih - jalaran tiasa ditepangkeun sareng sadayana anu kempel kamari (kuring oge ngahaturkeun nuhun ka Kang Ilen anu tos kersa medar alternatis sejen Carita Bubat sareng Dipati Ukur dina sela-sela wangkongan rineh). Ni'mat.
 
baktos,
manAR

 
On 1/16/06, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sami-sami...sim abdi oge ngahaturkeun nuhun kasadaya anu sumping, insya Allah mudah-mudahan kapayun urang tiasa tepang deui....
reueus, bagja jeung gumbira pagalo campur ngajadi hiji...
teu hilapa katitipan saur ku kang Murdi sareng teh Lilis hatur nuhun saurna mani bingah taya papadana tos pada ngangkeun tiasa tepang sareng baraya US nu salami ieu ukur tepang di alam maya...anjeuna ngaraos bagja, reueus, ngangreus jeung gumbira saurna...sakali deui hatur nuhun kasadaya baraya US....

Cag...ah, nuhun.

"kkbm69"



-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]]On Behalf Of ika mardiah
Sent: Monday, January 16, 2006 8:57 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Teh Lilis Hatur Nuhun-DTH

Abdi oge ngahaturkeun nuhun ka Teh Lilis nu tos ngayakeun acara kempel baraya US di DTH. Oge ka jajaran panitia utamina Kang Iim. Hatur nuhun. Sareng hapunten abdi wangsul tipayun, aya kaperyogian ngadadak.
Alhamdullah tiasa tepang sareng baraya ti unggal kota nu gareulis sareng karasep, pikaresepeun, pikalucueun, hehehe....
Mugi aya donatur nu kersa ngulem deui.
 
Baktos,
ika




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke