Upami teu lepat salah sahiji karya sastra (roman) Angkatan Pujangga Baru, kantos nyerat perkawis Caledonia teh. Hilap deui saha sastrawan na. Ayeuna mah tina roman nu dibaca baheula teh aya US nu nganjrek di eta tempat.
Kuring mah ngalamun keneh jadi turis di Caledonia, Teh Lilies mah malah jadi pendudukna.
Kamari Teh Lilies naroskeun tempat balanja kanggo oleh-oleh, utamina papakean big size. Tah kulantaran kuring mah lain tukang balanja :-), janten teu tiasa ngabantos. Jigana Ambu Neny nu bade nganteur.
ika
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nuhun ka kang Murdi sareng teh Lies, tos kersa janten turis di lembur,
kampung halaman atawa sarakan. oge tos tiasa ngempelkeun baraya KUSnet di
Dago Tea House, nuhun oge ka panitia bdg, kang Iim Boim.
kang Murdi asa jarang nyerat nya. jadi rada he love nu mana. kang MGT
ngasms saha oge, kudu konfirmasi heula ka kang Iim. punten pisan.
kapungkur asana teh Lilis na kantos nyerat, ngajak diajar basa Perancis.
hehe. hese ari diajar dina seratan wungkul mah, da ceuk cenah, macana
beda. di bandung aya basa perancis sauted, la belle. (geulis, la siga the
kanggo feminin) toko kueh di dago.
kamari basa tepang kang Murdi, nu pangheulana ditaros teh, ari Kaledonia
teh dimana? Pasifik cenah. rada heran aya wewengkon tapi disebut lautna da
meureun wilayah laut. sigana di wewengkon eta, di hiji pulo atol (pulo nu
karang/cadas laut wungkul) Perancis kungsi nguji bom nuklirna.
reueus pisan, sihoreng US teh nyebar kamana mendi ka sakuliah dunya. teu
nyangka malah aya nu di Pasifik Kidul. New Caledonia. wetaneun Australia
cenah. tapi sanajan rada deukeut, sanajan gaduh otonomi, tapi wewengkon
eta teh bawahan Perancis. aya opat provinsi Perancis di Caledonia teh.
meureun istilahna provinsi di sebrang lautan. kang Murdi teh Lilis jadi
bukti hirup yen US teh dina soal ngumbara mah teuneung ludeung. malah
passportna oge Perancis, bari sadidinten nyarios basa perancis.
Loba oge baraya nu can kungsi ka Dago Tea House. ah ieu mah ngaran popna,
da resmina TBJB, Taman Budaya Provinsi Jawa Barat. sakali mangsa mah, DTH
teh sae janten tempat Kongress siga kamari.
mj
http://geocities.com/mangjamal
Yahoo! Photos Showcase holiday pictures in hardcover
Photo Books. You design it and well bind it!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

